Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)
Mondok di hotěl geděnu munggaran těhbaheula basa diajakan ku jenatna lanceuk nu panggeděna, harita meuting těh di Hotěl Hyatt nu di Jl. Sumatěra. Ari kitu těa mah lanceuk geus apal, yěn kuring mah apan satadina gěurang lembur, jadi bororaah sok mondok di hotel gedě, dalah di hotěl leutik gě can kungsi. Nyak atuh basa dina waktuna kuring kacida bungahna. Loba alak-ilik, nempoan naon waě nu ceuk paněnjo sorangan karasa aněh. Tapi kajadian ěta těh geus heubeul, geus aya kira tujuh taun ka tukang. Pleng wěh ti harita mah can kungsi deui mondok di hotěl gedě.
Kamari pisan, kira pukul opat sorě aya babaturan nga sms, eusina ngajakan ulin ka Hotěl Savoy Homann. Kabeneran maněhna keur kapapancěnan tugas ti kantorna, nya ku tempat gawěna diperenahkeun pikeun mondok těh di Hotěl Homann. “Hayu bisi rěk milu sarě di dieu, tong poho mawa kaměra sakalian popotoan, kapan tempat bersejarah ieu těh,” kitu pokna dina sms. Aya jalan komo meuntas, keur mah geus lila teu sarě di hotěl gedě, jeung deuih kuring hayang apal sejarahna, katurug-turug aya nu ngajakan, nya sanggeus mandi sagebrus dua gebrus, kira geus magrib beleyeng weh kuring ka Hotěl Homann.
Barang panggih jeung babaturan nya der wě pancakaki, ngomongkeun ngeunaan sejarah Hotěl Homann nu kungsi dipakě ku Prěsiden Sukarno saparakanca basa acara Konpěrěnsi Asia Afrika taun 1955. Rada peuting babaturan indit da rěk nganteur baturna sapagawean, cenah rěk leuleumpangan di sabudeureun alun-alun. “Sok wě, kuring mah moal milu, rěk kukulibekan di dieu sabari popotoan.”
Ceuk itungan mah moal pati capě kukulibekan di jero hotěl těh, da puguh gě ngan tilu lantě, kitu implengan kuring. Kamar nu ditempatan ku kuring jeung babaturan těh nomer 104, ayana di lantě hiji. Sabari ngagigiwing kaměra nu aya talian kuring tuluy naěk ka lantě dua make tětěan, da horěam makě lift mah. Barang těrěkěl tuluy nepi di lantě dua, kuring rada merod. Tětěla kayaanna jempling pisan, matak ting sariak bulu punduk. Baca lebih lanjut