Sapeuting di Hotěl Homann

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

DSCN5691Mondok di hotěl geděnu munggaran těhbaheula basa diajakan ku jenatna lanceuk nu panggeděna, harita meuting těh di Hotěl Hyatt nu di Jl. Sumatěra. Ari kitu těa mah lanceuk geus apal, yěn kuring mah apan satadina gěurang lembur, jadi bororaah sok mondok di hotel gedě, dalah di hotěl leutik gě can kungsi. Nyak atuh basa dina waktuna kuring kacida bungahna. Loba alak-ilik, nempoan naon waě nu ceuk paněnjo sorangan karasa aněh. Tapi kajadian ěta těh geus heubeul, geus aya kira tujuh taun ka tukang. Pleng wěh ti harita mah can kungsi deui mondok di hotěl gedě.

Kamari pisan, kira pukul opat sorě aya babaturan nga sms, eusina ngajakan ulin ka Hotěl Savoy Homann. Kabeneran maněhna keur kapapancěnan tugas ti kantorna, nya ku tempat gawěna diperenahkeun pikeun mondok těh di Hotěl Homann. “Hayu bisi rěk milu sarě di dieu, tong poho mawa kaměra sakalian popotoan, kapan tempat bersejarah ieu těh,” kitu pokna dina sms. Aya jalan komo meuntas, keur mah geus lila teu sarě di hotěl gedě, jeung deuih kuring hayang apal sejarahna, katurug-turug aya nu ngajakan, nya sanggeus mandi sagebrus dua gebrus, kira geus magrib beleyeng weh kuring ka Hotěl Homann.

Barang panggih jeung babaturan nya der wě pancakaki, ngomongkeun ngeunaan sejarah Hotěl Homann nu kungsi dipakě ku Prěsiden Sukarno saparakanca basa acara Konpěrěnsi Asia Afrika taun 1955. Rada peuting babaturan indit da rěk nganteur baturna sapagawean, cenah rěk leuleumpangan di sabudeureun alun-alun. “Sok wě, kuring mah moal milu, rěk kukulibekan di dieu sabari popotoan.”

Ceuk itungan mah moal pati capě kukulibekan di jero hotěl těh, da puguh gě ngan tilu lantě, kitu implengan kuring. Kamar nu ditempatan ku kuring jeung babaturan těh nomer 104, ayana di lantě hiji. Sabari ngagigiwing kaměra nu aya talian kuring tuluy naěk ka lantě dua make tětěan, da horěam makě lift mah. Barang těrěkěl tuluy nepi di lantě dua, kuring rada merod. Tětěla kayaanna jempling pisan, matak ting sariak bulu punduk.  Gusti Nu Agung, ěta hotěl těh geuningan keueung pisan. Kamar ngajajar panjang, sabari kayaanna jempling naker. Ambekkan gě paribasana kaděngě ku sorangan. Karpět ngabakutet satungtung lantě, panto kamar narutup ngajarega. Mending di leuweung asana, sora tongěrět atawa manuk waě mah aya, itung-itung ngabaturan, da ieu mah nu disebut gang katincak těh leuwih-leuwing. Lampu teu pati caraang teuing, remang-remang ceuk basa Malayuna mah. Teu mikir panjang deui, kuring langsung ngabelecet balik deui ka handap, ka kamar sorangan.

Barang geus ampir tengah peuting, babaturan nu ulin těh tungtungna balik. “Enggeus kukurilingan těh?” kitu pokna. Nya derekdek wě ku kuring dicaritakeun kaayaanna. Sihorěng maněhna gě ngarasakeun nu ku kuring kaalam tadi. “Enya puguh gě, babaturan kuring mah komo tatanya sual jurig sagala, naha di dieu kungsi aya carita-carita nu matak pikeueungeun teu, cenah,” kitu manehna neruskeun.

Tapi da niatna gě hayang nyaho jeung rěk miceun kapanasaran, nya tungtungna kuring jeung babaturan kukurilingan těh paduduaan. Moal keueung teuing meureun mun aya batur mah, kitu pamanggih těh. Wanci janari leutik bral wěh kuring jeung babaturan mimiti nguriling. Nya Alhamdulillah, sok sanajan sieun mah aya kěněh saeutik, tapi ari dikeureuyeuh mah tungtungna bisa nyaho patempatan atawa kamar-kamar nu baheula kungsi dipakě ku Persiden Soekarno saparakanca basa KAA taun 1955.

IMG-20150526-WA0002Sanggeus seubeuh kukurilingan di luhur, tuluy turun rěk nempo kolam renang. Harita pědah geus tengah peuting, malah mah geus deukeut ka isuk, nya euweuh hiji-hiji acan nu ngojay, kolam renangna gě dikubeng ku rantě baradag. Teu jauh ti kolam renang aya hiji papan nu majang sagala rupa parabot jeung piala nu baheula kungsi dipakě basa KAA taun 55, dina ěta papan těh aya sababaraha gambar heubeul. Nu paling alus mah nyaěta gambar basa Hotěl Homann keur dirěhab, kuriak meureun pibasaeunna.

Kuirng jeung babaturan nangtung hareupeun ěta papan sabari ngilikan gambar. Barang keur kitu jol aya hiji pagawě hotěl nu keur mancěn tugas, nya ku kuring ditanya sugan maněhna apaleun ngeunaan sajarah ieu hotěl. “Aduh, saya mah ga banyak tahu pak, saya panggil ajah ya menejernya,” kitu pokna. Kusabab kuring teu ngeunah ari ngabělaan kudu ngageroan dununganna mah, nya ku kuring dicarěk. “Wios a, ěnjing deui wě, teu raos tos wengi anyeuna mah.” Maněhna unggeuk tuluy ngalěos.

Isukna kusabab kuring kudu nganteurkeun alo indit ka sakola, nya teu kaburu tunyu-tanya ka si měnějer těh. Pukul genep isuk gě kuring mah geus amit ka babaturan rěk balik ka Buahbatu. Sajajalan ka imahkeun, nu kainget ku kuring lain sajarah hotělna, tapi kalahkah keueungna. Jadol těh! [ ]

 

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/07/sapeuting-di-hotel-homann.html

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s