#PojokKAA2015: Ulin Jarambah

Oleh: Arif Abdurahman (@yeaharip)

ulin jarambah

“Omat ulah ulin di ranjěng, aya jurig samak!”

Aya wěh kolot baheula mah, nyaram barudakna těh jeung mamawa lelembut sagala. Tapi da ari budak mah nya langsung ngabuligirkeun maneh tinggal salěmpak pas nempo ranjěng těh. Paduli teuing rěk diculik ku jurig samak ge, nu penting mah bisa guyang jeung munding.

Ah asa resep ngabayangkeun pas masih lehoan keneh těh, kasusah hirup sigana ngan ukur pelajaran Matěmatika. Masih bisa ngalaman ulin jarambah sapertos nu dicaritakeun Us Tiarsa dina “Basa Bandung Halimun”. Pedah ari kuring mah ulin jarambahna di lembur, lain orang Kota. Kuring jadi mikir ari barudak zaman kiwari masih ngalaman teu nya?

ulin jarambah cikapundung

Dua poěnakeun ka acara puncak Konperensi Asia-Afrika, kuring ngider mapay Cikapundung. Caritana mah keur jadi “jurnalis kajajaden” pikeun Komunitas Aleut. Leleumpangan kaditu-kadieu siga nu enya, padahal mah gudag-gidig euweuh gadag.

Tah pas di Jalan Cikapundung Barat, kuring papanggih barudak nu keur ngaheureuyan kirik. Ngarana gě anjing, sanajan leutik keneh gě pasti ngabeurik atuh ari digorowokan mah. Eh kuring nu keur popotoan ge ngilu dibeurik si anying teh. Tapi untungna mah ahirna kuring seuseurian jeung barudak nu tadi da ningan kirikna rogěs, can bisaeun ngegěl. 😆

hansip konperensi asia afrika 2015

Poean Konpěrěnsi Asia-Afrika, nincak ka beurang, kuring milari masjid pikeun Jumaahan. Hayangna mah bisa Jumaahan samasjid sareng presiden sorangan, tapi da kumaha sanajan pada-pada sarua jelema gě teu bisa ning. Pulisi jeung tentara rajeg. Ti kajauhan rěa pisan nu marawa bedil. Wayahna teu bisa asup Masjid Raya. Tah ku hansip tadi diarahkeun bras ka Gang Apandi.

Pas leumpang di sajajalan gang, aya nu ngagero. Eh barudak nu kamari ulin di sisi Cikapundung masih inget kuring.

jarambah jepret

Tustel nu masih kěneh make roll film dijepretkeun nepi ka beakna. Kamera DSLR dicocoa, hape kuring ge sarua. Kuring mah ngantepkeun weh, atuh da ninggali maranehna bungah kitu.

Sanggeus sholat Jumah, kuring ngajak barudak “hunting foto”. Biar kekinian gituh. Kuring mah nuturkeun maranehna wěh, hayang ngasaan jadi budak deui. Ngobrol itu-ieu, nu paling resep mah pas ngabahas ngeunaan Naruto. Atuh jadi inget da mimiti lalajo kartun ieu těh pas masih sagede maraněhna, ayeuna geus mahasiswa semester ahir masih keneh kuring teu bosen ngalalajoanan eta si Naruto.

Kaluar ti Jalan Braga, leumpang terus ngaliwatan Viaduct, norobos Jalan ABC, bijil-bijil ti Pasar Baru. Kuring nanyakeun bisi maranehna cape geus leuleumpangan jauh, papanasan deuih. Ari sabenerna mah kuring nu ngarasa cape těh.

“Ah tos biasa ameng jauh da a,” waler maranehna.

Dicaritakeun maranehna sok leuleumpangan, ulin sasab, ari pangjauhna teh cenah mah nepi ka Dago. Oh masih aya gening ulin jarambah teh. Tapi ari ngojay di walungan Cikapundung mah can pernah ceunah, lain sieun ku jurig samak, tapi sieun kabawa palid jeung runtah keresek.

 

Tautan asli: http://arifabdurahman.com/2015/04/29/ulin-jarambah/

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s