Ngaleut Déwata: Tanjakan, Halimun, jeung Béntang

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Panon poé geus meleték di belah wétan, basa kuring hudang tuluy gura-giru indit ka cai. Minggu, 30 April 2017, kuring saparakanca rék ngaleut ka Déwata. Indit téh tangtu waé kudu isuk-isuk, da ari pabeubeurang mah pamohalan, teuing boa iraha balik deui ka Buahbatu. Cai karasa nyecep kana awak, ma’lum da teu unggal poé kuring mandi isuk-isuk téh, sasarina mah biasa wé mun geus deukeut ka waktu lohor.

Barudak geus jul-jol, sawaréh aya nu anyar, munggaran milu ngaleut. Kira wanci ngaluluh taneuh, rombongan geus siap, nya teu lila bring waé ka belah kidul. Eureun sajongjonan di POM béngsin Sékélimus, teu lila tuluy méngkol ka arah Batununggal, mapay Mengger, tuluy bras ka Jalan Mohamad Toha. Palasari, Cisirung, Rancamanyar diliwatan. Wahangan Ci Tarum katempo coklat kawas bajigur. “Tah, ieu Ci Tarum heubeul, mun itu Ci Tarum anyar,” ceuk kuring ka Méy. Nu dibéré nyaho padu ngabetem, sigana keur ngaregepkeun.

Mun momotoran kieu kuring sakapeung sok kapikiran méré ngaran ka motor sorangan nu geus dibabawa kaditu-kadieu. Ti Sedep, Cikajang, Pameungpeuk, Bayah, Cisalak, Brebes, Majenang, jeung patempatan séjénna ku motor kuring geus katincak. Bagéan handapna geus rujad basa diteunggar ku batu sagedé orok di leuweung saméméh Papandayan. Tapi naon kira-kira pingaraneunana? Mun motor Akay geus boga ngaran nyaéta Si Kuya, tapi motor kuring mah nepi ka anyeuna can boga asma. Kungsi kapikiran rék dibéré ngaran “Aya Jalan Komo Meuntas”, tapi panjang teuing, jeung asa kurang merenah wé deuih. Cag, tunda heula sual ngaran motor, anyeuna urang tuluykeun carita lalampahanna.  

Ti Rancamayar rombongan mapay Rancamulya, Rancatungku, Bojongkunci, jeung Tanjung, bras wéh ka jalan raya Banjaran. Méméh asup ka jalan raya Banjaran, rombongan eureun heula di tukang kuéh balok nu teu jauh di parapatan. Ari mimitina mah Anggi Cau nu meuli téh, tapi sihoréng barudak nu séjén gé kabaritaeun, atuh tuluy wé mareuli séwang-séwangan. Kuéh balok téh harga hijina ngan ukur sarébu. Haneut kénéh jeung karasa remuy, matak seuseut kana tikotok, éh tikoro.

Saenggeus Nagrak, rombongan méngkol ka arah Banda Sari, ngaliwatan komplék jeung pasar. Basa manggih tanjakan, reg kabéh areureun, teu jauh ti hiji warung leutik. Kusabab sungut geus karasa haseum jeung kohal, kuring meuli rokok sabatang. Ma’lum sajajalan mah kuring teu bisa ngarokok da ulaheun ku urang Rantauprapat, majar téh haseupna keuna ka manéhna cenah. Basa ngeunah ngelepus, katempo Anggi Cau jeung Wa Abang badami, sigana mah keur mastikeun jalan pilampaheun. Kuring ngadeukeutan nu keur badami, teu lila paheut rék méngkol ka belah kénca, ka arah Leuweung Datar.

Jalan beuki leutik jeung beuki renjul. Kénca katuhu nyampak kebon jeung imah warga. Panon poé geus nérékél, panas nyongkab kana awak, ma’lum geus wanci antara rumangsang jeung pecat sawed. Rombongan eureun deui basa manggih tanjakan nu panjang. Kabéh nu mawa motor pada ngawahan, nu dibaroncéng pada turun, da puguh gé tanjakan sakitu mah ceuk itungan moal kauntup. Enya wé, ampir kabéh motor teu kuateun naék, gas geus béak, kapaksa kudu didorong. Komo motor Farhan mah, sok sanajan katempona sonagar jeung pang gagahna, tapi padu bisa ngagerung, leuwih ripuh batan notor nu séjén nu maraké métik.“Ngaran wé Leuweung Datar, ari jalan euweuh datar-datarna,” kitu ceuk barudak.

Tanjakan panjang téh lain ngan ukur hiji, tapi aya kana opatna. Ka hiji warga nu keur leumpang di sisi jalan kuring nanya ngaran lembur. “Ciseupan,” pokna. Basa tanjakan geus béak, rombongan reureuh heula di masigit nu aya di lembur Cibubuay. Solat lohor pilih genti, sawaréh mah aya ogé nu jajan batagor jeung meuli cikopi di warung nu patempatanna rada nonggoh. Langit katempo geus rada maleukmeuk, tapi can pati poék.

Kira wanci kalangkang satangtung, rombongan nuluykeun lalampahan ka arah Cisondari. Barang nepi ka jalan raya Ciwidéy, mobil katempo keur rada ngantri. Macét, ma’lum isukna peré tanggal beureum. Loba mobil plat B nu sigana ngadon arulin ka Kawah Putih jeung Rancaupas. Teu jauh ti hiji POM béngsin, kuring méré sén kénca da rék eureun pédah nempo Mang Alex keur meuli béngsin. Sabot arék nyisi, ti tukang kadéngé sora kelakson tarik naker. Aya hiji mobil plat W nu ngagerung ngusir kuring ngarah gancang ka sisi. Nyel téh ambek, supirna ku kuring dipelong sabari dipolototan, “sabar atuh goblog!” Punten kasar, atuh da kumaha deui, kuring mah skil rendah tapi darah tinggi.

“Sok wa tiheula, baé Mang Alex mah ditungguan ku urang,” ceuk Agus nu ngabonceng Riri, ngajurungkeun kuring sina tiheula nuturkeun barudak. Teu rada lila, di hiji péngkolan katempo Wa Abang jeung Tintin méré tanda méngkol. Barudak katempo keur narungguan. Kuring milu eureun, tuluy nempo cai nu rada loba di pangumbahan mobil. Sabot jongjon cingogo, barudak silih patanya,“Ari si Farhan mana euy?” ceuk Yanceu ka nu keur ngariung. Ampir kabéh teu nyaho, iwal Enji jeung Windi. Cenah Farhan tadi asup ka béngkél rék menerkeun kanpas kupling. Yanceu nu ngaboncéng Amanda jeung Agus nu ngaboncéng Riri tuluy balik deui nyusulan Farhan.

Rada lila nungguan téh, lumayan kesel ogé. Ti kajauhan katempo Adya keur ngalamotan Aicé, jorojoy kabita. Méy dijurungkeun sina meuli sabari dikeupeulan. “Nu rasa kopi, nya,” manéhna ukur imut. Barudak pipilueun meuli. Di sisi jalan sabari diuk, kuring sabatur-batur dipotrét sabari ngalomatan rupa-rupa rasa Aicé. Langit beuki angkeub, gelap geus jojorélatan, tapi nu ditungguan can mucunghul kénéh. Cihujan geus cluk-clak, basa Tintin méré nyaho yén lalampahan geus arék dituluykeun. “Sok, geura aranggo jas hujanna, sakedap deui urang berangkat,” kitu pokna.

Kakara gé sapuluh méter ngajalankeun motor, breg hujan. Hawa tiis geus karasa nyecep. Jalan alus geus mimiti béak, diganti ku jalan makadam nu renjul jeung batuna sawaréh mah sagedé-gedé orok. Bi Kania jeung Windi nu ngabonceng Enji katempo ripuh, maranéhna usek-usekan ngagaley batu. Eta jalan butut téh lain di tengah kebon atawa leuweung, tapi di pilemburan nu lumayan gegek. Kuring mikir, piraku pakampungan pinuh kieu teu boga jalan nu waras? Teu bogaeun pamaréntah kitu?

Bi Kania katempo eureun sabari nampa telepon. Kuring jeung Méy rada ngaberung tiheula, ras kuring inget basa ngaleut ka Sedep, jalanna teu pati béda jeung anyeuna. Dibéré jalan siga kitu, nu diboncéng riweuh da puguh gé ajrug-ajrugan, tapi kuring mah jongjon wé da geus biasa ieuh. Di hiji warung nu rada gedé, rombongan eureun heula. Sabari nyareundeut roko jeung nungguan nu kacarai, rombongan badami: dituluykeun atau balik deui. Ti tadi gé warga geus ngabejaan, yén ka Déwata téh jauh kénéh sabari jalanna butut.

“Geus kieu wé, anyeuna urang tuluykeun heula sakuatna, mun teu kuat kakara balik deu,” kitu ceuk Wa Abang. Saréréa sapuk. Hujan masih ngeureunyeuh sanajan teu pati gedé. Pilemburan mimiti jauh, geus katempo rada anggang di tukang. Tapi matak hémeng, barang asup ka leuweung Gunung Tilu nu masih kénéh geledegan, jalan téh karasa jadi alus. Léspar ku aspal jeung coran beton. Ari di pilemburan butut, ari di leuweung alus, pan rada anéh. Tapi kuring teu loba catur, anggur mah kalahka ngahariring lagu Doel Sumbang:

“Kuring asa kumalayang / di awang-awang / antara bulan jeung béntang…”

Lagu éta dibulak-balik teu eureun-eureun nepika nu diboncéng seuseurian sorangan. “Kunaon seuri?” ceuk kuring. Puguh gé rada reuwas, di tengah leuweung hieum siga kitu jol aya nu seuseurian sorangan. “Atuh da laguna éta waé, siga nu teu aya lagu deui,” jawabna.

Turaés geus mimiti raéng. Halimun mayungan leuweung. Di belah kénca jalan dina tangkal kai nu gede, katempo aya tulisan dina papan: “Habitat Babi Hutan”. Dina tangkal nu séjén aya ogé tulisan “Habitat Surili”. Tétéla Gunung Tilu téh lain leuweung meueusan, tapi bener-bener leuweung nu masih kénéh réa dicicingan ku sabangsaning sasatoan. Kuring rada teg-tegan, sok sieun ujug-ujug aya bagong ngalanto ka tengah jalan.

Rada ka sorénakeun tetempoan diganti ku kebon entéh nu héjo ngémplo siga karpét masigit. Kuring saparakanca geus nepi di Perkebunan Téh Rancabolang. Barudak ramé pada surak, pédah nempo halimun silih keukeupan jeung kebon entéh. Der pada dipotrét ku rupa-rupa kamonésan gaya. Atuh spanduk Aleut géteu tinggaleun milu dibébérkeun dina riungan nu rék dipoto.

Seubeuh popotoan, tuluy nyalingker ka warung leutik nu ngajual emih jeung rupa-rupa gogoréngan: aya géhu, ulén, jeung ciréng. Kuring mesen emih makéendog hiji jeung ditambah ulén genep siki, lumayan ngahaneutan beuteung.

Wanci geus deukeut ka sariak layung, barudak geus siap deui dina motorna séwang-séwangan. Kusabab Perkebunan Déwata mah masih kénéh jauh, kira dua jam deui, ahirna rombongan mutuskeun balik ka Buahbatu tapi rencanana rék ngaliwatan Taman Jamur, Patuhawatee, jeung Kawah Putih.

Jalan alus mimiti diganti deui ku jalan butut. Halimun beuki kandel. Ponon poétéréh surup, langit geus mimiti poék. Barang nepi ka Patuhawatee, rombongan eureun heula, da manggihan jalan nyabang. Sabot nu séjén badami, kuring teu kuat hayang ngompol, belecet waé ka sisi kebon nu rada anggang. Sabot nyieun curug, kuring tanggah ka langit, katempo béntang reuteum dipapaés ku bulan sagedé arit, éndah pisan. Di kajauhan katempo aya nu ngempur hurung siga nu kahuruan.

Saanggeus tatanya ka warga jeung nempo GPS, ahirna rombongan tuluy ka belah katuhu. Jalan rada nanjak, batu-batu laleutikna can neteg kana taneuh, antukna motor kabanting-banting teu puguh tincakeun. Kuring kabagéan di tukang maturan Agus, Yanceu, jeung Gistha. Kakara sapuluh méter maju, ti hareup kadéngé aya nu ngajorowok, “Euy, balik deui, jalanna ripuh pisan!”

Saréréa tungtungna muterkeun motorna séwang-séwangan. Nu pangtukangna jadi panghareupna, pon kitu sabalikna. Barang tepi deui ka tempat eureun nu tadi, hawar-hawar kadéngé aya nu ceurik balilihan. Kuring luak-lieuk néangan datangna sora. Sihoréng salah sahiji babaturan ceurik kusabab cenah nempo hiji lalaki nu lain rombongan Aleut teu jauh ti panempo manéhna, jeung aya sora nu anéh. Siak téh kulit punduk asa kandel. Nya bayangkeun wé, peuting di tengah kebon entéh, jauh kaditu-kadieu, hawa keur meujeuhna nyecep, jol aya nu nempo jeung ngadéngé sora “taeun”.

Saréréa tuluy pada nenangkeun. Tapi dipikir deui ku sorangan, ah da asa teu nempo sasaha iwal ti barudak mah, ari sora mémang aya tapi éta mah sora nu pupujian ti masigit di pilemburan. Boa teuing ngan ukur satempo-tempona jeung sadéngé-dengéna, halusinasi téa meureun mun ceuk basa Indonesia téa mah.

Bring rombongan balik deui ka arah Rancabolang, antara motor hu hiji jeung nu séjén teu pati anggang. Mun aya nu tinggaleun atawa nu mogok, saréréa pada ngahurungkeun kelakson, atuh sakapeung mah kebon entéh nu simpé téh jadi raéng. Di warung nu pasosoré ngadon jajan eureun deui. Di dinya Suci siga nu kabulusan, katempo ngadégdég sabari leuleus lungsé. Cenah keur manjing poémunggaran halangan, katambah-tambah hawa tiis jeung kajadian ahéng tadi.

Sabari nungguan Suci rada meueusan, barudak pada mesen emih jeung kopi. Sawaréh deui aya nu siduru deukeut ruhak nu ngagunduk dina dreum. Kira wanci sareureuh budak, kabéh geus siap indit deui. Gancangna carita, rombongan tepi deui ka Buahbatu téh basa wanci geus arék deukeut ka indung peuting.

Di kedéy tuluy silih tukeur carita. “Riri gé bisaeun ningali ‘taeun’ eung. Tadi basa ngaliwat Patuhawatee omat-omatan ka urang, cenah tong nempo ka tukang. Ah, urang mah ngalieuk wé, pas ditempo mah da euweuh nanaon,” ceuk Agus daria naker.

Sigana Riri teu apaleun, lain nu di tukang guriang mah, tapi nu di hareup, nu ngaboncéng manéhna. [irf]

***

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.co.id/2017/05/ngaleut-dewata-tanjakan-halimun-jeung.html

Iklan

2 pemikiran pada “Ngaleut Déwata: Tanjakan, Halimun, jeung Béntang

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s