Tegallega Heurin ku Cangcut Kutang

Oleh: Arif Abdurahman (@yeaharip)

tegallega cangcut kutang

Karunya ka urang kidul téh, sok waas nasibna. Contona éta wéh ningan matak aya nu ngarana Konpérénsi Asia-Afrika téh da maranehna kaasup bangsa nu palih kidul. Nagara-nagara nu hirupna malarat, kasiksa ku bangsa nu ti kaler.

Kitu deui kuring nu urang Bandung kidul. Aya rasa timbulu lamun ngabandingkeun jeung Bandung belah kaler téh. Taman Balaikota, Taman Lalu Lintas, Taman Film, Tamansari, Saritem, Derentén, Unpad DU, ITHB, Ciwalk, Dago Tea House, jeung tempat-tempat alus lianna pabalatak di belah kaler. Nu kidul mah ngan panyesaan; Lapang Tegallega.

Duh Gusti, ni peurih cocobi urang kidul teh. Duh Gusti meni kudu Tegallega.

Ongkohna Tegallega, tapi lega palebah mana? Bandung heurin ku tangtung, Tegallega mah heurin ku kutang. Eh ku nu dagang maksudna. Enya sok wéh cobaan jalan-jalan, kudu pasesedek jeung nu barang dagang barang hakan. Ieu téh kumargi PKL nu ngaheurinan Jalan Otista dieurihkeun asup ka Tegallega. Nya kaayaan ayeuna mah jadi sareukseuk.

| Aos: Historia.id – Mula Pedagang Kaki Lima

Geuning ti mangsa kumpeni, PKL téh geus jadi pimasalaheun. Tapi sabenerna balik deui ka cara pandang urang, anggap PKL teh hiji kaunikan lain masalah. Tiron Hongkong atawa Bangkong geura.

hongkong market

Kowloon Street Market, Hongkong. Poto: Change of Pace

Kowloon Street Market, Hongkong. Poto: Change of Pace

Enya, kuring wani nyieun fatwa yen PKL téh lain masalah! Teu nanaon heurin ku cangcut kutang gé, nu jadi masalahna mah ngeunaan pengelolaan. Nya kabeh masalah di dunya mah emang sabab musabab tina salah kelola jeung paripolah salah jelema.

Tah kukituna, saminimal-minimalna nu bisa ku urang lakukeun mah nyaeta ngajaga kabersihan. Cing tong miceun runtah dimana wae. Hiji paripolah goreng nu hese dirobah emang.

tegallega pkl

Ari saran ka pamarentah mah kuring ngusulkeun dijieun ‘design’ ngeunaan panempatan nu dagang di Tegallega, misalna nu jualan anggoan dimana, nu jualan kadaharan dimana. Sadiakeun suhunan nu sarua keur nu daragang, ngarah ngeunah ditinggalna, komo misalna mun warna kayas. Terus mun bisa mah ayakeun pelatihan, ngeunaan marketing misalna, kanu daragang teh, meh maranehna motekar, barang dagangan bisa variatif. Kan ieu ge pikeun kasajahteraan nu daragang. Sok weh ieu mah pinter-pinter nu bagean dina urusan pariwisata.

Oh enya, kahayang kuring mah Tegallega dipelakan deui ku rupa-rupa tatangkalan. Rada ditambahan deui. Nu pas mah lain ngan saukur dipelak terus diculkeun.

Manuk hiber ku jangjangna, jelema hirup ku akalna. Hayu ah marikir kudu kumaha ambeh Bandung, hususna Tegallega bisa heurin teh ku tatangkalan. Tong ngan dipake keur mikiran kutang jeung hutang hungkul tah akal pipikiran teh. Cag ah!

 

Tautan asli: http://arifabdurahman.com/2015/05/06/tegallega-heurin-ku-cangcut-kutang/

Iklan

Satu pemikiran pada “Tegallega Heurin ku Cangcut Kutang

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s