Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)
Di Jalan Braga, měh pahareup-hareup pisan jeung rěstoran Braga Permai, aya toko buku nu ngaranna Toko Buku Djawa. Kira dua minggu katukang, basa babaturan kuring—wanci haneut moyan, ngaliwat ka hareupeun ěta toko, cenah katingali aya sababaraha jalma nu keur ngangkutan buku jeung majalah. Sabab teu pati yakin, nya isukna kuring ningali sorangan ka lebah dinya. Ana nepi, enya wě toko těh geus kosong. Buku, majalah, poto, kartu pos, jeung barang jualeun nu sějěnna geus teu nyěsa hiji-hiji acan.
Toko buku ieu ditutup alatan nu meuli ka dinya geus langka pisan. Kuring kungsi sababaraha kali balanja buku di dinya. Hiji waktu basa kuring keur nempoan buku jang beulieun, di jero tiiseun pisan. Iwal ti kuring jeung si tětěh nu nungguan toko, euweuh deui jalma sějěn nu ngadon ngalanto ka jero. Mun ditempo tina harga, saenyana harga buku-buku di dieu teu běda jeung nu di toko buku gedě. Tapi teuing kunaon asa ku langka-langka teuing nu balanja di dieu mah.
Toko Buku Djawa diadegkeun taun 1955, ampir bareng jeung diayakeunna Konpěrěnsi Asia Afrika, hartina umur ěta toko buku těh geus ampir 60 taun. Dina waktu nu panjang ěta, Toko Buku Djawa kungsi ngalaman “gengsi” nu lain lumayan. Maksudna mun warga balanja buku di dinya, bisa disebutkeun leuwih pinunjul batan mun meuli di toko buku nu sějěn. Tapi ku lantaran beuki dieu beuki kasěrěd ku saingan nu teu saeutik, atuh puguh we kayaanna beuki ripuh.
Anyeuna toko nu geus kosong těh dijagaan ku dua urang jelema. Ti luar mah sok katempo keur maraěn catur. Bakat ku hayang nyaho, nya kuring ngawanikeun maněh asup ka jero, tuluy tatanya ka nu duaan. Dumasar tina katerangan nu ngajagaan toko, nu gaduh toko buku těh saurna Nyonya Tung (yuswana tos 80 taun), anjeunna badě ngalih ka Australia. Eta toko těh kapayunanna baris dijadikeun toko kadaharan atawa sapatu, can pati tangtu saurna.
Mun urang nempoan jalma nu sok ngaradon popotoan di sapaparat Jalan Braga, utamana nu popotoan pikeun kaperluan “Pra Wědding”, Toko Buku Djawa těhminangka kaasup pang minengna dijadikeun “Background” jang dipoto. Hal ieu bisa jadi lantaran lolobana mah di Jalan Braga těhtoko kadaharan, kuayana toko buku nyieun hiji kamoněsan nu alus pikeun dijieun poto. Katambah deuih wangunanna masih keneh wangunan jaman baheula, lumayan kauurus, jeung masih tohaga.
Anyeuna toko buku nu nyěsa di Jalan Braga kari dua siki deui. Kahiji nu aya palebah pěngkolan, nu tokona dicět beureum. Nu Kadua nu gigireun Jalan Kejaksaan, nu tembok wangunanna loba dicurat-corět ku pilok. Teu mustahil dua toko buku ieu gě hiji mangsa mah baris “tilar dunya” kawas Toko Buku Djawa, lamun seug dagangna tuluy-tuluyan tiiseun.
Kang Ridwan Hutagalung (nu nyerat buku Braga, Jantung Parijs van Java) basa diwawancara ku salah saurang wartawan hiji koran gedě sasauran, “Basa hotěl nu jangkung di Jalan Braga diadegkeun, kuring jeung babaturan protěs ka ditu-ka dieu, sabab naon? Eta hotěl těh geus ngagantikeun wangunan-wangunan kolot nu pinuh ku sajarah. Tapi orokaya, euweuh nu ngaděngěkeun. Tah, kuring paurna hal siga kitu těh bakal kajadian deui, nu ahirna urang lalaunan ngahapus ingetan sajarah urang sorangan.”
Terus kumaha carana sangkan wangunan-wangunan kolot nu pinuh ku sajarah těh bisa tetep ngadeg? Numutkeun Kang Ridwan mah saurna kedah aya kasadaran ti urang sarěrěa. Kututupna Toko Buku Djawa těh kudu dijieun pelajaran ku sing saha waě nu paduli kana wangunan-wangunan titinggal jaman baheula. Anjeunna neraskeun, yěn cara nu basajan tapi keuna, nyaěta ku meuli barang-barang nu dijual di toko nu nempatan wangunan heubeul.
Ku dibeulianna ěta toko, bisa mantuan ngalantarankeun kabutuhan sapopoěna kacumponan. Atuh mun seug beuki loba nu balanjana, tangtu lain ngan ukur kabutuhan sapopoě wungkul, dalah kauntungan pikeun tuluy ngagajih pagawě, mayar sěwa jeung pajeg gě tangtu baris lancar.
Tah, ku hal sakituna, ieu luyu sareng sasauran Kang Ridwan, “Loba pisan jalma nu protěs jeung ambek-ambekan basa wangunan-wangunan cagar budaya diruntuhkeun, tapi maraněhna teu nyieun lampah nanaon. Ari ngamumulěhayang, tapi carana siga nu teu apal, pan ieu teu adil. Nya minimal beulian atuh toko-toko nu nempatan wangunan heubeul těh. Hal ěta basajan katempona, tapi keuna kana tujuan.”
Ti dua minggu ka tukang nepi ka hareupna (teuing nepi iraha), Toko Buku Djawa těh baris ngan ukur panineungan. Masih inget kěněh basa kuring meuli buku ngeunaan komplěk candi nu kapanggih di Karawang; barang kuring asup ka toko, si tětěh nu nungguan katempo keur ngalamun, meureun dina panyawanganna ěta toko buku těh moal lila deui. Teu sangka anyeuna geus ninggang di mangsa. Pileuleuyan Toko Buku Djawa. [ ]
Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/03/pileuleuyan-toko-buku-djawa.html
Matak ngahelas, moal aya tempat pikeun nyawang mangsa ka tukang….