#PernikRamadhan: Kulkas jeung Listrik

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Sok sanajan teu pati jauh, nepika anyeuna kuring geus ngumbara leuwih ti genep belas taun. Nya ti harita, ti mimiti kuring ninggalkeun lembur, mun kabeneran bulan puasa, aya hiji kabiasaan nu matak nyieun hěmeng pikeun kuring sakuringeun.

Kuring ngumbara těh pikeun nuluykeun sakola, ari ngudagna nyaěta ka daěrah pakotaan, da puguh gě kuring mah urang lembur. Naha bet kitu? Enya apanan sarěrěa ge geus pada nyaho yěn di lembur mah sakola těh teu rěa kawas di kota, tuluy kualitasna bisa disebut ělěh ku sakola-sakola nu aya dipakotaan mah. Tah sual ěta nu ngajadikan kolot nitah kuring pikeun ngumbara těh.

Balik deui kana hiji kabiasan nu nyieun kuring hěmeng, nyaěta di kota mah mun bulan puasa těh, tukang sop buah, tukang ěs cincau, jeung sakur-sakur nu jualanna makě ěs sok geus dagang ti beurang kěněh mula, jeung nu mareuli gětara burit-burit teuing barang beulina těh. Sok kapikiran ku kuring, naha ěta nu mareuli těh teu sieun mun kadaharan nu makě ěs těh kaburu teu tiis jeung ěs na kaburu lenyur?

Di lembur kuring–baheula basa kuring keur leutik kěněh, nu daragang samoděl kitu těh tara ieuh ti beurang, engkě we mun waktu kana buka geus deukeut, kira-kira jam lima sorě. Nu mareuli gě tara tanginas jeung teu paboro-boro deuih, sanajan nu jarualan mah ti jam lime gě geus aya. Di imah kuring gě kitu, kira sapuluh menit deui kana waktu buka, ema sok nitah meuli ěs caruluk di warung Wa Onah.

Jadi dina waktuna buka těh ěs can leyur, masih kěněh tiis, anu antukna matak ni’mat basa diinum kunu paruasa těh, da puguh gě hanaang teu nginum sapopoě.

Kitu nu kapikiran těh. Tapi pamanggih ěta heubeul pisan, geus ampir genep belas taun ka tukang, baheula basa mimiti nincak bulan puasa nu munggaran di lembur batur. Jawabanna sabenerna babari pisan, nyaěta kulkas jeung listrik!

Kuring teu sadar yěn tětěla di kota mah ti baheula kěněh listrik gěus bruy-bray beurang jeung peuting, teu kawas di lembur nu PLN na masih kěněh ngandelkeun děsel jeung hurungna ti peuting hungkul. Anapon kulkas, sok sanajan anyeuna mah ampir kaběh imah miboga, tapi baheula mah—utamana di pilemburan, masih kěněh kasebut banda nu mahal, mun teu beunghar-beunghar teuing mah pamohalan kudu boga kulkas.

Tah hal ieu pisan anu saěstuna nyieun běda kaayaan bulan puasa—utamana nu daragang ěs, antara di lembur jeung di kota belasan taun ka tukang. Anyeuna mah tingtrim da geus sarua, meuli jam sabaraha ogě kari diasupkeun ka jero kulkas, engkě pas ngong adan magrib kari dipurak. “Jeung ni’mat ti Pangěran nu mana nu baris maněh bohongkeun?” [ ]

 

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/06/kulkas-jeung-listrik.html

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s