#PojokKAA2015: Ajengan Idi jeung Bangsa Hianat

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Kantor BandungTV tempat kuring nepungan Pa Us Tiarsa

Kantor BandungTV tempat kuring nepungan Pa Us Tiarsa

Hiji kajadian ahěng sok resep mun ditingali tina paněnjo budak leutik. Atuhda alam maraněhna mahěstuning masih kěněh beresih, can ka keunaan ku itu ieu. Hajat gedě nagara nyak tangtu wae kaasup ahěng.

Anyeuna di Bandung těh keur meujeuhna ramě dina raraga miěling Konpěrěnsi Asia Afrika nu ka-60. Kota digeugeulis, pangpangna nu aya di lelewek Gedong Merděka jeung sabudeureunna. Trotoar jeung lampu jalan diganti ku nu alanyar. Atuh bangku gě teu katinggaleun, ti parapatan Jl. Asia Afrika-Lěngkong Besar nepika alun-alun ngajajar dina trotoar nu anyar tur aralus pisan.

Baheula basa KAA taun 1955, aya hiji budak leutik nu pangalamanna dituliskeun jeung dikumpulkeun dina hiji buku nu medal kira taun 1980-an ahir. Tapi lain tulisan basa kajadian, ngan panineungan hungkul. Nu nulis ěta buku těh nyaěta Us Tiarsa. Anjeunna mimitina mah nulisna di koran Galura, ngan bisi bacacar tuluy dibukukeun ku Galura.

Da ari dina buku mah teu pati loba jeung asa kurang jěntrě, nya poě Rebo kamari nu teges na ping 15 April 2015, kuring ngahaja nepungan anjeunna di Arcamanik, di kantor BandungTV. Janjian těh pososorě, kira pukul satengah tilu. Kuring ngabrět dina motor ti Buah Batu da reueuk katempona geus haleungheum, sieun kaburu hujan. Barang těrěh nepi na ari breg těh hujan gedě pisan, atuh kapaksa ngiuhan heula sajongjonan.

***

Baheula mah basa taun 1955, rahayat těh ngarasa reueus duměh nagara nu harita masih bisa kasebut kěněh werit, geus bisa ngondang para pamingpin di sababaraha nagara. Mangkaning kaayaan kaamanan ogě can pati stabil, enya pan harita těh masih kěněh jaman DI/TII. Tapi dina prak-prakanna, kaamanan těhasa basajan, ěta wě rahayat gě nepi ka bisa ting těrěkěl jeung rajeg dina loteng gedung Visser, nu pahareup-hareup pisan jeung Gedong Merděka.

Beda jeung anyeuna, komo basa taun 2005 mah, rahayat těh teu laluasa mun rěk nempo para pamingpin nagara. Tong boro rahayat biasa, wartawan waě nu biasana mah babari asup kaditu-kadieu, teu bisa larsup sangeunahna. Pulisi jeung tentara rajeg. Sniper atawa tentara nu jago ngabedil ti kajauhan rěa pisan.

“Nya, harita mah nu pang diarep-arepna nyaeta para pamingpin nagara. Da puguh gě pan teu apal kumaha bungkeuleukanna jalma-jalma nu ti nagara batur,” saurna.

Aya ku gedě milik, Us Tiarsa mah harita nempo pisan ka para pamingpin nagara těh. Dina bukuna kaca 63-64 anjeunna nulis :

“Basa sakumna sěmah kalaluar ti Hotěl Homan terus laleumpang ngabring ka Gedung Merděka, rayat těh sarurak eunyah-eunyahan. Kakara sidik harita ka Něhru, U Nu, jeung Nasěr těh. Bet diparengkeun papanggih jeung “bungkeuleukanana” da nyaho těhukur dina gambar wě. Horěng U Nu těh ceplěs pisan Ajengan Idi, dikopěah haji, makě kamprět bodas, disarung polěkat. Cek rarasaan, nu pang gagahna mah angger wě Bung Karno. Diraksukan kabangsaan, ngělěk iteuk pondok. Enya lah, teu ělěh gandang najan ku Nasěr no disolěmpang kulit ogě.”

Basa ditaroskeun deui eusi buku ěta, pangpangna ngeunaan ‘Ajengan Idi’ anjeunna gumujeng. “Malah mah sawarěh rahayat aya nu cacariosan, cenah enya wě U Nu mah siga bangsa urang, malah mah persis urang Sunda. Kopěah, kamprět, sarung, rupa, jeung dedeganna nu matak seueur nu nyebatkeun kitu těh.”

Kuring teu kuat hayang seuri. Padahal mah maca buku nu ditulis Us Tiarsa těhgeus sababaraha kali tamat, ngan basa dicaritakeun deui ngeunaan ‘Ajengan Idi’ mah angger kuring gě milu nyěrěngěh. Tětěla urang Sunda mah saringkak paripolahna těh sok aya waě hal nu matak pikaseurieun.

“Pami pamendak bapa, kumaha ngeunaan Konperensi Asia Afrika nu anyeuna?,” ceuk kuring. Derekdek wěh ajeunna sasauran. Saur anjeunna aya dua hal. Nu kahiji nyaěta perkara digeugeulisna kota. Aya untungna ku ayana KAA těh, ngabebenah kota waragadna jadi kabantuan ku pamarěntah pusat. Atuh pikeun rahayat gě hal ieu jadi kauntungan nu lain lumayan. Enya apanan trotoar jeung sajabana jadi merenah deui, sok sanajan teu sakuliah Bandung nu diropěana těh.

Nu kadua nyaěta ngeunaan rělěvansi KAA di jaman kiwari. Anjeunna pangpangna mah ngabahas pasualan nu aya pakaitna jeung widang pulitik. “Sabenerna sababaraha waktu saanggeus KAA taun 1955 diayakeun, Indonesia malah jadi deukeut ka Blok Timur, nyaěta ka Uni Soviět. Sok padahal apan geusěcěs yěn tujuan KAA diayakeun těh salah sahijina pikeun nolak jeung moal milu ka dua blok nu keur ‘haneut’ mangsa harita”, saurna.

“Indonesia nu boga ideu jeung nu ngayakan, Indonesia ogě nu ngahianatan kana KAA!”, kuring angguk-anggukan. Ari ngeunaan kaayaan anyeuna mah anjeunna miharep yěn bangsa-bangsa nu keur guntreng pasěa, atuh komo nu keur perang silih rogahala mah bisa sagancangna hadě deui. “Da baheula mah nagara-nagara Arab těh teu parerang siga anyeuna, ngan Palestina hungkul nu geunjleung těh, enya pan ti taun 1948 gě geus aya masalah jeung Israěl,” anjeunna neraskeun.

***

Basa poě beuki nyěrělěk ka sorě, srěngěngě gě měh surup di belah kulon, nya kuring amit. Teu kurang-kurang kuring nganuhunkeun ka anjeunna nu tos sangem ngaluangkeun waktuna pikeun panggih jeung kuring. Barang clěk kana jok motor, kuring inget deui kana sasauranna ngeunaan Indonesia nu geus hianat, jalir kana janjina sorangan. [ ]

 

Foto : Arsip Irfan TP

 

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/04/ajengan-idi-jeung-bangsa-hianat.html

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s