Kakarěn KAA 2015

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Tina runtuyan acara Konpěrěnsi Asia Afrika (satuluyna ditulis KAA), tanggal 24 April 2015 minangka puncakna acara. Dina prak-prakanna kaběh kepala nagara jeung para delegasina miěling KAA nu munggaran ku cara Historical Walk anu hartina leumpang bersejarah. Kajadian ěta nu kungsi dilakonan ku Prěsiden Soekarno jeung kepala nagara nu sějěnna, dimimitian ti Hotěl Savoy Homann nepika Gedung Merděka (baheula mah ngaranna Corcordia).

Nya dina acara ěta pisan sabenerna mah hajatna Bandung těh, dan ari konpěrěnsina mah diayakeunna di Jakarta tegesna di JCC (Jakarta Convěntion Centre). Tah saměměh puncakna acara, atuh daěk teu daěk Kota Bandung kudu dibebenah jeung digeugeulis. Kurang leuwih piduabulaneun deui kana tanggal 24, pagawě geus sarigep měměrěs trotoar, masang lampu, masang bangku, ngecět wangunan nu kuleuheu, jeung sajabana.

Ku kituna, sababaraha juru Kota Bandung těh jadi rada alus meueusan. Di saparat Jalan Asia Afrika atawa baheula mah ngaranna těh Jalan Raya Timur (de Groote Postwěg), bangku ngajajar dina trotoar. Aya ogě bola-bola batu nu diukir ku tulisan ngaran-ngaran nagara Asia jeung Afrika. Atuh lampu-lampu jang nyaangan jalan jeung jang hiasan gě teu katinggaleun. Lampu-lampu ěta dijieunna makě gaya klasik, nu luhurna aya maung jěngkě nu siga keur ngagaur.

Tihang banděra nu ti baheula ngajajar di hareupeun Gedung Merděka dicět deui. Monuměn  Dasasila Bandung nu mimitina aya di Simpang Lima dipindahkeun ka deukeut Ci Kapundung, teu jauh ti Gedung Merděka. Ari urut monumen ěta tuluy diganti ku tugu nu aya ngaran nagara-nagara jeung luhurna aya jam jeung bandera Indonesia. Handapna ěta tugu těh dipapaěs ku jukut sintětis kawas nu di alun-alun.

Urang Bandung kacida aratoheun pisan ku ayana parobahan-parobahan ěta. Komo pan anyeuna mah keur usum narsis, ampir kaběh jalma raresep dipoto selfie. Atuh puguh wě wewngkon sabudeureun Jalan Asia Afrika těh měh ampir unggal sorě sok pinuh ku jalma nu ngadon rek diparoto. Teu budak teu kolot, teu awěwě teu lalaki, kaběh raresep ulin ngalanto ka lebah Gedung Merděka.

Basa isukna rěk acara Historical Walk, sababaraha jalan di sabudeureun Gedung Merděka geus ditarutup, disterilkeun ku pulisi jeung tentara. Di antarana waě nyaěta Jalan Asia Afrika, Jalan Banceuy, Jalan Cikapundung Barat, Jalan Cikapundung Timur, Jalan Naripan, jeung Jalan Braga pěnděk atawa nu belah kidul. Pulisi jeung tentara geus ngajarega sabari sawarěh mah sabari nyarekel bedil.

Tah kusabab rahayat biasa mah teu bisa asup, nya kaayaan Jalan Asia Afrika těh masih bisa disebut rapih kěněh. Ngan sapoě ti harita, pangpangna mah basa diayakeun acara karnaval, jalma-jalma ngagalaksak, loba pasilitas nu ngaruksak. Jeung teuing kunaon leungeunna těh ateul mun teu ruwal-rawel.

Pot-pot kembang ditarincakan, patung kuya leutik nu dipakě pikeun ngaganjel pot dicarokotan, atuh puguh wě pot kembang baradag těh barahě da teu saimbang. Lian ti ěta, bangku-bangku nu ngajajar dina trotoar kaina geus loba nu patotong da ěta gě sarua sok loba nu hanjat. Bandera laleutik nu němpěl dina bola-bola batu, nu dijieuna tina alumunium kaběh dicaroplokeun tuluy dibarawa. Ngan kari hiji nu nyěsa těh nyaěta banděra nagara Bhutan.

Di hareupeun gedung Nedhandel, nyaěta di bunderan deukeut jalan pameuntasan, dijieun monumen bola dunia nu sabudeureunna dipasang ngaran-ngaran nagara Asia Afrika. Bahanna tina alumunium, němpělna padu ngait wungkul dina paku nu narancěb dina těmbok. Tah ěta gě sarua loba nu ngararad. Sababaraha ngaran nagara deungeun caroplok jeung leungit, teuing dibarawa kamana.

Nu pang mahiwalna mah nyaěta di jalan hareupeun Pasar Baru. Di dinya saměměhna ngahaja dipasang sababaraha payung nu ngagarantung luhureun jalan. Warnana rupa-rupa, aya hějo, koněng, bulao, beureum, jeung sajabana, arulus wě pokona mah. Tah ěta payung-payung nu ngagarantung laluhur těh angger dicarokotan. Malah aya nu ngahaja naěk ka mobil elf sabari jějěngkěan pikeun ngahontal ěta payung. Kabina-bina naker!

Anyeuna dina mědia sosial, utamana dina twitter jeung facebook, kajadian-kajadian nu pikakeuheuleun ěta geus sumebar. Malah Pa Walikota Bandung ku anjeun ngiring ngageunggeureuhkeun ka jalma-jalma nu ngaruksak jeung nyokotan pasilitas umum ěta. Loba nu gogodeg pědah teu ngarti ku tingkah polah jeung kalakuan sawarěh jalma nu teu miboga rasa ngapimilik kana naon baě nu jadi pasilitas balarěa.

***

Da ngaranna gě kadatangan sěmah, atuh kudu aya wě meureun olěh-olěh keur bawaeun balik Ki sěmah mah, komo pan ari urang Sunda mah geus kawěntar soměah hadě ka sěmah. Nya dina raraga ngajěnan sěmah-sěmah ieu, panitia ngahaja nyadiakeun sababaraha rupa barang pikeun cinderamata. Saur Pa Walikota Bandung mah aya genep rupa, nyaěta; pin kujang, selěndang Asia Afrika, keramik kandura Cigadung, buku invěstasi Bandung, surat walikota, jeung cincin batu raja ti Sukabumi jeung Garut.

Ngan aya hiji nu ngaganjel nu aya pakaitna jeung cinderamata ieu těh. Di Jalan Pangarang, teu pati jauh ti Jalan Dalem Kaum, aya hiji pengrajin wayang golěk nu kageutahan. Pa Atang jenenganna, anjeunna putrana Pa Ruhiyat. Ari Pa Ruhiyat těh putrana Abah Soma, salahsaurang nu sok ngadamel wayang golěk. Janten Pa Atang těh generasi katilu ti kulawarga pengrajin wayang golěk.

Ari pakaitna jeung KAA nyaeta kungsi aya EO (Event Organizer) nu dongkap ka bumi Pa Atang pikeun mesen wayang jang cinderamata para delegasi. Mimitina mah saur Pa Atang ngan mesen 230 wayang, tuluy pesenan těh nambahan deui 60, jadi jumlah jamlěh 290. Kusabab pesenan lumayan loba jeung waktuna teu pati luang da puguh gě teu lila deui kana KAA těh, nya Pa Atang tuluy balanja bahan-bahan pikeun nyieun wayang jeung sawarěh ngaburuhkeun sababaraha pagawě pikeun mantuan anjeunna nyieun wayang. Tapi teu kungsi lila ěta EO těh datang deui ka Pa Atang pikeun ngabolaykeun pesenan. Sajongjonanna mah Pa Atang ngajenghok, da puguh gě geus kagok balanja jeung kagok digawě.

Kusabab ngarasa teu ngeunah meureunan, nya ěta EO těh tungtungna ngaihtiarkeun (tapi teu jangji) pikeun ngagantian duit Pa Atang nu geus dibalanjakeun. Lamun seug teě mah modal kagantian, memang Pa Atang moal rugi. Ngan kauntungan nu tadina  geus nampeu dihareupeun ujug-ujug leungit teu puguh ngilesna. Di dieu KAA nu geus měakkeun duit loba pikeun ngabagěakeun sěmah, teu buměla ka rahayat leutik siga Pa Atang nu jelas-jelas geus ngamumulě budaya sorangan nyaěta wayang golěk.

Tah pikeun Kota Bandung mah, mun nempo tina paněnjo lokal, dua hal anu geus didadarkeun di luhur kudu jadi bahan ěvaluasi. Tětěla dina acara nu sakitu rongkahna těh geuning masih aya kěněh rahayat nu can sadar kana pasilitas umum, jeung aya ogě rahayat nu kudu diperhatikeun dina raraga ngamumulě seni jeung budaya Sunda. [ ]

–Kungsi dimuat di Majalah Manglě Nomer 2526

Foto : Arsip Irfan TP

 

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/05/kakaren-kaa-2015.html

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s