Silih Beulit jeung Oray Naga

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

“Bangsa urang jeung Cina těh harita mah asa dalit pisan. Bisa jadi pědah hirupna sarua papada susah. Anyeuna mah beunang disebutkeun euweuh Cina nu daragang ngider atawa ngawarung gowěngan těh. Bisa jadi anakna atawa turunna jaradi jalma jugala.” (Us Tiarsa dina buku Basa Bandung Halimunan)

Naha enya kitu tina urusan ěkonomi nu ngajadikeun bangsa urang jeung bangsa Tionghoa nu maratuh di lemah cai těh jadi pajauh? Bisa waě bener ěta pamendak Pak Us Tiarsa těh, tapi mun ceuk kuring mah lain ngan saukur ěta pasualanna. Loba pisan anu bisa diteuleuman ku urang jang ngaguar pasualan gaul hirup sapopoě antara bangsa urang jeung bangsa deungeun, hususna bangsa Tionghoa. Ieu mah minangka ngabagěakeun Imlěk baě, perkara eusina mah tangtu loba pisan kakuranganna, ulah kapameng rumojong, diantos kamandang kadang wargi kana ieu seratan.

***

Taun 1662 Walanda teu bisa ngarebut Taiwan sabab diělěhkeun ku urang Tionghoa nu dipingpin ku Koxinga (Zhěng Chenggong). Frěděrick Coyětt nu harita jadi Gebernur Jěndral Walanda nu cicing di Taiwan, ngalaporkeun ěta kajadian nu diběrě jejer “t’Verwaerloosde Formosa” nu hartina “Pohokeun Formosa”. Hal ěta diuningakan deui ku Walikota Singkawang, Hasan Karman, dina buku nu jejerna Sejarah Kongsi di Kalimantan Barat, nu mědal taun 2014 di Bandung.

Pangalaman pait ěta nimbulkeun kasieun ka Walanda dina nyanghareupan bangsa kulit koněng. Leuwih sieun deui mun seug Tionghoa dalit jeung bangsa pribumi, sabab hal ěta bakal nyieun kakuatan anu lain bantrak-bantrakeun. Hal sakituna, bisa jadi ěta pisan alesan nu nyieun Walanda ngala pati ka rěbuan bangsa Tionghoa di Batavia dina taun 1740.

200 taun ti harita, Walanda masih kěněh ngarasa sieun jeung hariwang ka bangsa Tionghoa. Sigana mah kajadian di Taiwan tacan leungit tina ingetan maraněhna. Atuh basa datang laporan ti Penning Nieuwland nu harita mingpin Kalimantan Barat, maněhna ngarasa pondok harepan. Ka Guberneur Jendral, maněhna aya roman jang mohokeun Borneo, sarua siga basa ělěh di Formosa. Harita nu pangdipikasieun ku Walanda těh nyaěta Kongsi Lanfang nu lolobana Tionghoa-Hakka, jeung Kongsi Hěstun Zongting nu geus kawěntar liat jeung lain bantrak-bantrakeun.

Mun di impleng deui, meureun ieu nu ngajadikeun Walanda nyieun kampung-kampung dumasar kana suka bangsa těh. Apanan urang geus pada apal, yěn ti baheula Walanda misah-misahkeun bangsa dina kampung-kampung sagemplek sewang. Aya Kampung Cina atawa nu katelah Pacinan, Kampung Arab, Kampung Melayu, jeung sajabana.

Tangtu jijieunan ieu těh amběh gampang nalingakeunna. Pan geus puguh Walanda mah sieun ku bangsa Tionghoa těh. Tah, tina hal ieu urang bisa nempo lumayan ěcěs, yěn bangsa Tionghoa těh měmang tohaga jeung toh-tohan dina lebah paguntreng jeung ngaběla harga dirina mah, atuh ieu ogě teu mustahil nu ngajadikeun maraněhna pogot kana digawě, utamana di urang mah kana widang dagang. Pan saur Pak Us Tiarsa gě seueur nu jugala jaradi konglomerat.

Tapi nu baris dibeunjeurběaskeun (alakadarna meureun) ku kuring man lain ngeunaan ieu, leuwih kana papisahna atawa anggangna kahirupan maraněhna jeung bangsa urang. Saloba-lobana gě nu ngumbara, pasti loba kěněh kaom pribumi. Atuh teu aněh mun di sakuliah Nusantara bangsa Tionghoa mah sok jadi bangsa nu pang saeutikna atawa minoritas. Keur mah saeutik, katurug-turug dipisahkeun ku Walanda, atuh puguh wě rada hěsě rěk campur gaul jeung nu sějěn těh.

Ti jaman Walanda, Soekarno, tuluy Soeharto, ampir kaběh kungsi teu ngaajěnan ka bangsa Tionghoa. Sanajan dina seratan Pak Us Tiarsa diuningakeun yěn baheula mah kungsi dalit, tapi angger we sikep bangsa urang mah ngarasa rada anggang. Ngarobah hiji kabiasaan nu geus lumangsang mangtaun-taun, tangtu lain perkara gampang. Enya gě mun dina widangěkonomi bisa ngaraketkeun, tapi dina widang pulitik mah can tangtu. Apanan urang geus pada apal, mineng pisan bangsa Tionghoa těh dibuburak malah ka nepi diala pati basa aya kajadian riweuh di nagara urang.

Naon sabab? Katugenah jeung sangkaan bangsa urang ka bangsa Tionghoa těh siga tuluy-tuluyan diwariskeun. Matak teu kaop aya kajadian leutik bisa ger jari rongkah, malah bisa ngocorkeun getih sagala. Nu pang haneutna mah tangtu taun 1998, leuh mun urang nitenan deui kajadian jaman harita, matak watir jeung ginggiapeun. Atuh ěta wě, dina sababaraha koran mah diberitakeun loba awěwě bangsa Tionghoa nu digadabah sagala, ku lobaan deuih, asa euweuh ras-rasan pisan.

Basa Gus Dur naěk jadi Prěsiděn, kaayan kieu těh rada lumayan ngurangan. Imlěk jeung kabudayaan Tionghoa nu ti baheula teu meunang diayakeun jeung dimumulě; kayaning barongsai, wayang potěhi, jeung sajabana, dina jaman Gus Dur mah teu diulah-ulah deui. Atuh puguh wě asa kokoro manggih mulud lebaran manggih puasa, bangsa Tionghoa galumbira pisan, malah sababara golongan mah aya nu měrě sebutan “Bapa Tolěransi” sagala ka Gus Dur těh.

Ti luhur jambatan

 

Kaayaan robahna di widang kabudayaan ieu, nu katempo ku kuring mah teu pati loba nyieun parobahan dina katugenah bangsa urang. Majarkeun těh, tuh deuleu loba pisan bangsa urang nu ngadon bubujang ka urang Tionghoa, tuluy loba nu ku dununganna teu diajěnan. Hal ieu ceuk kuring geus asup kana hukum ěkonomi, di mana-mana gě pasti jalma nu teu boga bakal kula-kuli ka jalma nu jugala jeung beunghar ku harta. Apan lolobana ti bangsa urang mah jaradi pagawě, arang langka nu jadi pangusaha mah.

Atuh ari soal teu ngaajěnan mah lain ngan ukur bangsa Tionghoa waě nu sok  ngalampahan kitu těh, dalah bangsa urang ogě teu saeutik nu kitu. Jadi alesan ieu mun dipakě teu resep jeung cua, angger teu bisa dibenerkeun. Omat ulah gorěng sangka, kuring lain ngaběla hiji bangsa, tapi panyangka gorěng jeung katugenah alusna mah ulah hantem dikukut. Apan ceuk kolot gě urang těh kudu akur jeung dulur, enya apan sakur-sakur rahayat Indonesia těh masih kěněh dulur, kaasup urang Tionghoa jeung turunnana.

***

Poě Ahad kamari kaping 22/2/2015, dina raraga Imlěk, kuring jeung babaturan ngaleut maluruh tempat-tempat nu disebut asup kana wilayah Pacinan. Di Bandung mah tětěla nu disebut Pacinan těh běda jeung di kota-kota nu sějěn. Ari di luar kota mah pacinan těh ngariung sagemplekan nu eusina nya kaběh urang Tionghoa atawa disebut ogě Cina; boh imahna, tempat usahana, paragi ibadah ka pangeranna, jeung sajabana. Pokona dina ěta kampung těh urang Cina wěh lolobana mah.

Tah di Bandung mah teu kitu, malah teu boga lawang gapura sagala, matak rada hěsě nangtukeun wates-wates Pacinan těh. Najan kitu, tapi kamari mah nya nyobaan maluruh saeutik-saeutik. Mimitina ti Masjid Al Imtizaj nu aya di Jalan ABC belah wětan (deukeut wangunan urut Matahari Dept. Store), masjid ěta saenyana wangunan anyar jadi tacan boga sajarah nu panjang jang dicaritakeun, tapi ku sabab langka nu ngaranna masigit urang Tionghoa mah, nya ěta masigit těh minangka dijadikeun wates paling wětan Pacinan Bandung.

Naha cenah asa rada hěmeng meunang aya urang Tionghoa nu ngagem Islam sagala? Tong salah, Laksamana Cheng Ho ku anjeun těh kapanan Islam ogě. Anjeunna kaasup urang Tionghoa nu munggaran datang ka Nusantara. Di Bandung mah lain ti ěta masigit, aya ogě Masjid Lautze di Jalan Tamblong deukeut pengkolan pisan, teu jauh ti patung Ajat mah, malah ampir pahareup-hareup pisan. Masigit ěta mah kagungan Yayasan Karim Oey.

Ti sainget, atawa ti saprak kuring nincakeun suku di Bandung, nu ngaranna Jalan ABC mah tara ieuh tiiseun ku nu daragang. Da ěta we toko těh meni ngajajar, lolobana mah toko ělěktronik kayaning nu ngajual tipi, kulkas, mesin cuci, DVD player, jeung sajabana. Atuh di trotoar jeung di sisi jalan gě teu kurung nu nu daragang kacamata, tukang ngoměan jam, katut mangrupa-rupa inuman jeung kadaharan. Kuring kungsi meuli es pisang hějo di dinya, mangkaning poě keur meungpeung panas ěrěng-ěrěngan, leuh kacida ni’matna, sagelas těh ngan sasěak.

Di tempo saliwat gě ěta nu daragang di toko těh lolobana mah urang Tionghoa. Katempo da ti jalan gě koko atawa cici keur dariuk nyanghareupan měja nu biasana mah paranti nunda duit. Ari nu purah nawarkeun jeung laladang mah angger wě rěa bangsa urang. Mun měngkol ka belah katuhu, nyaeta ka Jalan Alkateri; di dinya aya hiji warung kopi anu geus heubeul, atuda ngadegna ti taun 1930, sigana kolot kěněh warung ěta jeung aki kuring gě! Ceuk babaturan kuring mah (Mang Arya), di ěta warung těh kaayaanna gancang loma jeung batur. Cenah mun aya hiji jalma anyar nu munggaran ngopi di dinya, tuluy inditna sorangan atawa teu boga batur, ěta jalma těh baris diajakan ku kolot-kolot nu geus ngalanggan pikeun milu ngobrol jeung maraněhna. Stok kopi di ěta warung nyokotna ti Pabrik Kopi Aroma nu aya di Jalan Banceuy.

Asa ku kabeneran, barang kuring jeung barudak keur ngariung sabari silih tukeur kanyaho, na ari lol těh bapak-bapak urang Tionghoa kaluar ti warung kopi Purnama, ěh tapi geus laěr kětang, aki-aki meureun kasebutna; saurna mah anjeunna těh nu kagungan Pabrik Kopi Aroma. Sababaraha ti barudak aya nu wawuh ka anjeunna, atuh rada pancakaki heula sajonjonan mah, jalmana katempo soměah naker, nu disebut darěhděh těh enyaan.

Tukang mih ayam

 

Di tungtung jalan ABC aya hiji jambatan pameuntasan di luhureun Jalan Otista, ti luhur mah Pasar Baru těh katempo ěcěs pisan. Ti dinya tuluy eureun di hareupeun toko jamu Babah Kuya nu ti baheula geus kaconcara di sakuliah Bandung. Di dinya aya hiji akang-akang nu saliwat mah paroman jeung buukna siga Joni Iskandar, tinggal kacamatana dirantěan wě eta mah, pasti ceplěs pisan. Horěng ěta si akang těh nyaěta pagawě Babah Kuya nu sapopoěna purah ngaracik sabangsaning jajamuan. Tapi kusabab poě Ahad mah perě, jadi anjeunna poě harita mah markiran mobil jeung motor.

Dumasar katerangan ti si akang, toko jamu Babah Kuya geus asup ka generasi nu ka opat; nu gaduhna anyeuna mah Pak Iwan jenenganna tě. Aya dua toko sabenerna mah, tapi hu hiji mah teu ngalayanan ngaracik, ukur ngajual jamu nu geus jadi hungkul. Tapi cenah nu bogana mah běda, tapi masih kěněh barayana Pak Iwan.

Ti Babah Kuya tuluy mapay-mapay gang, bras wěh ka jalan gedě. Di sisi Jalan Kebonjati, kurang leuwih limapuluh měter ti parapatan Pasirkalili-Kebonjati-Gardujati, aya wangunan heubeul nu baheulana dipakě ku Hotel Surabaya pikeun para panumpang karěta api nu rěk ngadon ngarereb. Ayeuna ngaran hotelna geus ganti jeung leuwih modern deuih, minangka ngigelan jaman meureun. Di gigirna pisan hotel aya warung kopi Javaco, kaasup produsěn kopi heubeul eta javaco těh. Cenah mah mun kopi Javaco ditinyuh seungitna melengseng, sawarěh aya nu nyebut kawas seungit esbonbon, sawarěh deui aya nu nyebut sengitna kawas kuěh.

Sabab hayang nempo kelentěng, tapi panonpoě keur meungpeung nojo pisan kana emun-emunan, atuh ti Kebonjati těh měngkol ka kěnca, barang manggih aya plang badag nu tulisanna ngaran pasantren, tuluy asup kadinya. Lain bobohongan, enya gě ari ngaděngě mah geus ti baheula, tapi ari nincak mah karěk harita pisan ka Saritem těh. Leuh asa ngimpi bisa nincak di daerah jual beuli pabinihan. Tapi lain jual beuli meureun ngaranna, apanan ukur “nyěwa” sakerejep hungkul. Ceuk barudak kudu jempě, ulah rěa omong ngeunaan “daging atah” di dinya mah, kudu pada-pada apal wě cenah.

Di Jalan Kelentěng měmang aya kelentěng, lain ngan ukur ngaran jalan. Tapi hanjakal kusabab loba nu keur ibadah jadi wěh teu diidinan asup, bisi kaganggu meureun. Surti ari kitu těa mah, da maraněhna gě sarua we jiga urang ari masakah ibadah mah hayang husu. Sabab panonpoě masih kěněh barangasan, nya tungtungna ngiuhan heula di deukeut vihara. Barang keur ngariung, na atuh ari gantawang těh aya nu gělo kokolowokan. Geus kolot katempona mah jalamana těh, sorana jenger naker, pěpěrěpětan kawas tongěrět. Untung wě barudak teu tuluy riab. Teu ngaganggu teuing ari kitu těa mah, ngan orokaya wě matak reuwas sajongjonan.

Tuluy ka Jalan Cibadak, di dinya gě aya vihara dua siki, biasa wě dicět beureum. Di hiji pěngkolan deukeut toko buku Mearukě aya tukang bakmie atawa mih ayam, nu meulina kacida loba pisan, koatka ngantri sagala. Tadina mah kuring rěk nyobaan meuli, ngan pasti lila, teu tulus tungtungna mah. Nu meuli těh katempona mah loba urang Tionghoa, bangsa urang gě loba kětang, nyampur wě sabari ngarobrol.

Manggih nu kieu di Jl. Cibadak

 

Sapanjang Jl. Cibadak loba lampion nu digantungkeun luhureun jalan makě tapi rapia. Aya ogě gapura beureum paragi mapaěs acara Culinary Night nu hartina kurang leuwih icikibung barangdahar ti peuting. Aya ogě urut garduh listrik jaman baheula, wangunanna tohaga naker. Sabenerna di jalan ěta gě loba gang nu ngaranna kakara apal kuring mah, resep sigana mun ditalumtik hiji-hiji těh. Engkě sugan mun aya waktu rěk dipaluruh ah.

***

Tina ngaleut ěta, kuring manggihan sababara hal, di antarana nyaěta sabenerna urang Tionghoa těh katempona mah bisa layeut jeung bangsa urang těh. Nu kadua, kuring jadi panasaran saha sabenerna nu měrě ngaran “Pacinan”, maraněhna atawa bangsa urang? Lamun seug bangsa urang nu měrě ěta ngaran, hal ieu ceuk kuring siga hiji batas nu dijieun ku sorangan, da ěta ngaran těhkarasa atawa henteu geus nyien hiji lolongkrang jang misahkeun urang jeung maraněhna. Komo pan anyeuna mah loba pisan kota nu miboga kawasan pa-Cina-an těh, tuluy sok dijadikeun tempat wisata ku balarěa. Hal ieu lila-lila asa jiga děrěnten atawa kebon binatang.

Ceuk kuring, kaayaan nu geus aya memang fakta sajarah nu teu bisa diulah-ulah, tapi mun tuluy-tuluyan dijieun hiji “kaaněhan” tangtu lila-lila bakal ngandelan deui tembok pamisah antara bangsa urang jeung bangsa maraněhna.

Urut gardu listrik

Tah, sakumaha nu geus dijelaskeun di mimiti ieu tulisan, dalit atawa henteuna antara urang jeung maraněhna těh jelas lain ngan ukur tina kaayaan ekonomi; nyondong atawa henteu. Tapi salahsahiji ogě tina cara urang mirosěa ka tempat-tempat nu aya hubunganna jeung sajarah bangsa Tionghoa.

Kuring ngahaja měrě jejer tulisan těh ku kecap “silih beulit”—kuring teu apal kumaha kaayaan lamun oray keur gelut—tapi maksud kuring lamun seug enya cara gelutna kitu, ieu těh minangka hiji siloka yěn bangsa urang jeung bangsa Tionghoa těh mineng pisang guntrengna. Tapi lamun “silih beulit” nandakeun kahaděan siga jalma nu keur sasalaman, nya ieu pisan nu baris dimumulě ku urang sarěrěa.

Wilujeng Imlěk, wilujeng nyorang taun embě kai, mudah-mudahan kahareupna rijki beuki ngocor loba, sing sararěhat, nu utamana bisa leuwih dalit jeung bisa leuwih silih ngajenan jeung papada bangsa nu sějěn. Cag! [ ]

 

Foto : Arsip Irfan T.P.

 

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/02/silih-beulit-jeung-oray-naga.html

 

Iklan

Satu pemikiran pada “Silih Beulit jeung Oray Naga

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s