Kaayaan Trotoar di Sabudeureun Balěkota

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Eta motor ulah ngalangan sapedah atuh!

Eta motor ulah ngalangan sapedah atuh!

Balěkota di dieu tangtu waě Balěkota Bandung, sabab ti kamari gě kuring nulis těh ngeunaan Bandung waě. Iwal ti ěta, catetan ieu gě saěstuna lain ngan ukur ngomongkeun trotoar wungkul, aya ogě ngeunaan Cikapayang jeung jambatan pameuntasan, nu sakaběhna kabeneran aya di sabudeureun balěkota.

Ngeunaan trotoar, kuring kungsi ngalaman sababarahakali kajadian nu piambekkeun. Lain sakali dua kuring sok hog-hag jeung nu tarumpak motor, dalah kungsi rěk gelut sagala. Basa kuring masih kěněh digawě di Jakarta, mun kabeneran keur leumpang di trotoar, tuluy jalan macět, tah ěta nu tarumpak motor těh saking ku belegug-belegugna sok rajeun naraěk kana trotoar bari nglaksonan nu keur laleumpang. Mun batur mah sok nyaringkah diusir ku sora klakson těh, tapi keur kuring cadu. Sabab naon?, da trotoar mah jang leumpang jelema, lain jalan motor. Tah kusabab ngarasa bener, kuring tara ěpěs měěr.

Tunggul urut tihang

Tunggul urut tihang

“Na ari sia teu nyaho yěn trotoar těh paragi leumpang jelema?”, ceuk kuring setengah nyengor kanu nglaksonan. Tapi da ěta mah dasar belegug, dikitukeun těh lainna ngarti kalahka malik muncereng bari sesentak. Mun teu dihalangan ku nu laleumpang mah boa geus digaplok tah jelema těh. Tapi alhamdulillah, salila anyeuna kuring cicing di Bandung mah, pangamalam kitu těh can kungsi ka sorang deui. Mun bisa mah ulah nepika kaalaman deui.

Kamari poě ahad kuring jeung sababaraha babaturan ngahaja mapay-mapay trotoar nu aya di sabudeureun balěkota. Teu kudu dicaritakeun deui ari taman nu di jero mah, sabab saměměhna kungsi kuring tulis. Mun diteges-teges mah tětěla trotoar těh aya dua jinis; nu kahiji nu warnana oranyeu (teu caang-caang teuing sabenerna mah), jeung nu kadua nyaěta nu keur dibangun disagigireun Cikapayang, nu dijieun tina batu anděsit.

Nu oranyeu mun seug baseuh kahujanan sok matak paur sabab jadi leueur. Jalma nu laleumpang kudu ati-ati pisan dina kaayaan kitu mah, sabab mun melěng saeutik waě balukarna matak picilakaeun. Ari sual kaěndahan mah nu warna oranyeu těh geus cukup, dan sabenerna mah nu ngaranna trotoar teu kudu ginding-ginding teuing, basajan gě teu nanaon asal aman jeung genah dipakěna.

Beusi renjul genep siki

Beusi renjul genep siki

Ari nu dijieun tina batu anděsit mah leuwih seuseut mun kahujanan těh. Hal ěta kusabab batu anděsit mah aya pori-porian nu matak cai ogě bisa nyerep. Anyeuna trotoar nu tina batu anděsit karěk ngan ukur nu aya di sagigireun Cikapayang wungkul, nu sějěnna teuing bakal diganti atawa moal.

Mun dilik-ilik, trotoar sabudeureun Balěkota mah saěstuna geus alus jeung lumayan ěndah, ngan hanjakal di sababaraha juru masih kěněh aya kakurangan nu matak ngabahayakeun ka nu laleumpang. Contona waě nu deukeut Jalan Merděka, di ěta trotoar aya tunggul urut tihang, teuing tihang nanahaon, tapi sigana mah urut tihang rambu-rambu lalu lintas. ěta tunggul těh diantep waě, mun aya jalma melěng tuluy titajong, moal boa ngagoak sabari tijolongjong. Nyak reuwas nyak nyeuri tangtuna gě.

Jalan cai

Jalan cai

Salian ti ěta, aya ogě beusi laleutik nu renjul sagedě-gedě ramo. Sanajan jangkungna mah paling gě ngan ukur dua atawa tilu sěnti, tapi angger wě matak jadi mamala. Komo mun aya nu kabeneran leumpangna nyěkěr, tuluy nincak beusi ěta, tangtuna matak bohak dampal sukuna. Teuing urut nanahaon ěta beusi těh, siga cang sapatu měngbal waě koatka genep jumlahna gě. Hal leutik samodel kieu, nu lolobana mah tara kaperhatikeun, boh ku pamarěntah atawa ku rahayat biasa, teu bisa diantep waě. Kudu aya lěngkah nu seurieus pikeun ngabebenah, ěngkě sugan ku kuring rěk dilaporkeun ah ka walikota, sugan wě diperhatikeun bari tuluy diberěskeun.

Teu jauh ti trotoar, malah mah ngarěnděng pisan, aya sababaraha jalan aspal nu gigirna ngahaja dibolongan jang jalan cai. Tapi kusabab lombangna teu ditutupan ku samodel kawat panyaringan, ěta jalan cai teh sawaktu-waktu bisa nyilakakeun. Da sa sapatueun mah asup ka ěta jalan cai těh. Jelema nu keur leumpang bisa waě sabeulah sukuna digebros kana ěta lombang. Alusna mah ditutupan ku kawat nu jarang, ngarah cai angger bisa kapiceun, nu leumpang ogě bisa aman.

Tehel nu peupeus

Tehel nu peupeus

Aya sababaraha těhel trotoar (nu warna oranyeu těa) nu peupeus. Tapi kaayaanna ceuk panempo kuring mah teu pati matak nyilakakeun, ngan baě katempona teu pati ngeunah, sareukseuk těa meureun ceuk basa Uruguay mah. Lěbar trotoar nu belah kulon jeung nu belah wětan sihorěng běda.  Nu belah wětan mah leuwih leutik, paling loba gě ngan ukur cukup jang duaan. Beda jeung nu di belah kulon, di dinya mah rada lega meueusan, moal pati pasěrěd-sěrěd lamun dipakě silih kalěng ku tiluan ogě. Tapi měmang trotoar nu anyar mah, nu dijieun tina batu anděsit těa, legana ampir sarua jeung nu belah kulon.

Ti mimita Pamarěntah Kota Bandung ngayakeun prohram “Jumaah makě sapědah”, di jalan sabudeureun balěkota dijieun jalan heuseus jang nu make sapědah. Sanajan dijieunna ngan ukur digarisan wungkul ku cět warna bodas, tapi ěcěs yen ěta těh jalan paragi sapědah. Tapi nyak kitu těa di urang mah, kana kasadaran těh meni mahal pisan, ěta wě jalan nu geus puguh jang sapědah tapi angger sok aya motor nu nincak jeung ngahalangan ka nu keur sasapědahan.

Pameuntasan pas pengkolan pisan

Pameuntasan pas pengkolan pisan

Hal anu penting ogě nyaěta ngeunaan pameuntasan, boh anu di luhur (jambatan) atawa nu di handap nu katelahna zebra crosstěa. Panětěan dina jambatan tětěla lungkawing pisan. Tong boro jang jalma nu aya kakurangan pisik, malah jang jalma nu ragana sěhat tur sampurna ogě ěta panětěan těh matak hariwang.

Anapon pameuntasan nu di handap, loba nu posisina lebah pengkolan pisan. Hal ieu matak ngagokan nu keur tumpak kandaraan, nu antukna matak nyilakakeun. Tapi aya ogě sebenerna zebra cross nu di jalan lempeng, tapi di urang mah ngahargaan ka nu laleumpang těh masih kěněh kurang. Kuring nyaksian pisan sorangan, aya hiji kulawarga (indung jeung tilu anakna) nu rěk meuntas di jalan Merděka, da ěta asa ku hěsě sabab nu marawa kandaraan siga embung měrě kasempetan pisan jang nu rěk meuntas.

Mun di belah kulon anyeuna mah aya pameuntasan nu rada alus. Di ěta pameuntasan těh aya alat pikeun ngahurungkun lampu jeung sirineu. Jadi lamun ku urang dipencět ěta alat, teu kungsi lila lampu lalu lintas keur nu tarumpak mobil jeung motor ngadadak jadi beureum, anu hartina jalma nu leumpang bisa tuluy meuntas. Tapi duka teuing ku naon, basa kuring jeung babaturan ngilikan ěta alat, sihorěng keur rusak, teu bisa dipakě. Padahal kaitung anyar kěněh pisan ěta alat těh. Atuh antukna nu rěk mareuntas kapaksa ngacung-ngacungkeun leungeun jang ngeureunkeun mobil jeung motor.

Meni hese rek meuntas ge

Meni hese rek meuntas ge

Poe Ahad kamari mah di sebrang balěkota, tegesna di jalan Merděka, aya sababaraha nu daragang kadaharan. ěta wě kaambeu aya nu meuleum satě sagala. Teuing pědah ku ramě meureun, da saapal kuring ari poe-poe nu sějěnna mah tara aya teu sing nu daragang lebah dinya těh. Nyak katempona mah lumayan ramě ogě nu mareuli, keur aralus milik sigana mah tukang dagang těh.

Di saparat trotoar těa, runtah mah měmang aya, ngan saeutik pisan, malah kaitung beresih sakitu mah trotoar těh. Hal ěta teu aněh sabab loba wadah runtah nu nyampeu nu bisa dipakě ku nu laleumpang. Alus ari kitu těa mah, komo deui pan ieu mah puseur pamarěntahan Kota Bandung, piraku wě ari kalotorna mah, asa kabina-bina.

Ari nu pang anyarna jeung pang ěndahna nyaěta trotoar nu ngarěmpět jeung Cikapayang. ěta jalan cai těh keur dibebenah ku taman nu matak betah nempona. Saliwat mah siga di luar nagri, da ěta wě Cikapayang gě makě dipapantěs ku batu hirup sagala. Ceunah mah batu-batu ěta těh jang ngahěrangkeun cai, minangka nyaring kokotor meureun. Ari lampu tamanna makě dipapantes ku patung maung leutik sagala, ěta maung těh keur jěngkě sabari ngagaur. Teuing naon hartina, meureun siloka jang Persib ěta těh, pan Persib gě katelahna Maung Bandung. Tapi kudu ditanyakeun engkě ka Mang Emil (so akrab wě hahaha).

Pra weding sigana mah

Pra weding sigana mah

Bakat ku resik, dina bangku nu aya di taman, poě harita mah koatka aya nu dipoto pra wěding sagala. Enya aya dua nonoman nu keur silih rěnděng dina hiji bangku, aya ogě sababaraha baturna nu keur ngalěker ku kaměra, tuluy jeprět-jeprět waě diparoto. Katingali ěstu suka bungah pisan, da puguh gě meureun rek nyorang kahirupan rumah tangga ěta dua nonoman těh. Hor, naha kuring bras ngomongkeun nu kieu? Cag ah, urang nyaritakeun Cikapayang deui.

Dina raraga ngabebenah jeung mamantes kota, nyak Cikapayang nu aya di sagigireun balěkota gě teu kaliwat ngilu didandanan. Trotoarna dijieun sababaraha umpak, bentukna ogě ting paringkeul, teu lempeng jiga ilaharna. Teu poho bangku jeung lampu gě disayagikeun pikeun nu rek ngadon nongkrong sapeupeuting. Ti běh kalěr ěta Cikapayang dibendung ku gunungan batu hirup, tuluy di belah handapna dijieun dua kokocor sangkan cai ngalirna rada kabagi. Sabenerna ka belah kidulnakeun gě cai těh dibendung deui ku sababaraha těmbok, tapi tangtunganna teu jangkung teuing, padu nyalangkrung wě siga kaayaan balong.

Bendungan Cikapayang

Bendungan Cikapayang

Meureun matak dikitukeun gě sangkan cai ngalirna teu gancang teuing, padu ngeyemeng wě jadi rada ěndah katempona. Tapi sakali deui ieu pangwangunan těh tacan běrěs, caina ogě saat jeung kiruh kěněh deuih. Di trotoar nu pas handapeun tangkal badag, aya hiji pagawě nu keur natah di hiji pasagi opat, barang ku kuring ditanyakeun sihorěng ěta pasagi opat těh cenah keur ngontrol kaayaan cai. “Hor, naha aya caian nyah?” ceuk kuring. Barang ditingali ka jero, enya we cai dihandap tarik naker jeung lumayan gedě deuih. Běda pisan jeung cai nu teu katutupan ku trotoar.

Lah, sok hayang geura anggeus wě ěta trotoar anyar těh. Mana teuing rěa jalma nu ngalanto ka dinya. Jadi nambahan deui tempat ngumpul rahayat těh. Alhamdulillah.

 

Tah sakitu sababaraha hal anu kasaksian ku sorangan jeung babaturan těh. Malah mandar aya manpaatna, boh pikeun nu rek nulis atawa nu ngahaja hayang nyaho kaayaaan di sabudeureun balěkota. Cag dugi ka dieu, saněs waktos diteraskeun deui. [ ]

Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi

Paranti ngontrol cai

Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi

 

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/02/kaayaan-trotoar-di-sabudeureun-balekota.html?spref=tw

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s