Keur kuring mah Bandung teh bali geusan ngajadi. Sanajan Bapa urang wetan, kuring mah ti mangsa keur jadi bali keneh na jero beuteung Indung tug nepi ka danget bisa kasebut tara incah ti Bandung. Nya jamak we atuh lamun kuring rek nabeuh maneh nyebutkeun yen kuring teh urang kota Bandung. Enya Bandung teh kota, apan katelahna oge ibu kota Priangan. Tapi da naha keur leutik mah rarasaan teh kuring mah urang kampung we bau lisung.
Sanajan cicing di komplek tapi da meunang kasebut aya di pasisian kota Bandung. Cijerah teh ayana di Bandung beh kulon, ngaran kacamatan na oge apan Bandung Kulon. Ti Alun-alun nu jadi puseur dayeuh Bandung kurang leuwih genep setengah kilo nepi ka buruan imah teh. Gampang we saenyana mah neang jalan ka Cijerah teh. Moal matak sasab. Ti Alun-alun tuturkeun we jalan gede nu katelah Jl. Asia-Afrika. Baheula mah saacan Konprensi Asia-Afrika taun 1955 ngaran jalan ieu teh Jalan Raya Barat bagian tina Jalan Raya Pos.
Tuluy we lempeng montong galideur make rek pungkal-pengkol. Cekel we ayat nu kasampak dina Al Qur’an Nurkarim surah Al-fatihan nu unina teh “Ihdinas siratal mustqin.” Tah lamun geus anjog nepi ka simpang Pal Tilu karek meunang mengkol ka kenca. Ulah waka ngarasa bagja tiheula da can nepi ka imah eta teh. Heureut kurang leuwih dua kilo deui nepi ka Perum Cijerah Hiji teh. Na nyaho ti mana? Nelah Pal Tilu teh kusabab anggangna ti puseur dayeuh kurang leuwih opat setengah kilo. Jelema baheula mah ngukur anggang teh lain make kilometer cara ayeuna. Ari sa-pal teh apan hiji setengah kilo.
Mun ayeuna mah asa teu pati jauh saenyana mah ti Alun-alun ka Cijerah teh. Mun nyeplak motor setengah jam oge moal burung teu nepi. Asal ulah kapegat macet we ketang palebah Pasar Andir.
Eh eta mah rarasaan ayeuna da geus gede. Keur leutik mah asa jauh we hayang ulin ka tengah kota teh. Lain pedah ku masih piyik keneh ketang tapi da wireh baheula mah tutumpakan oge acan rea kawas kiwari. Tiiseun keneh Cijerah oge mangsa harita mah.
Baca juga: Leleumpangan di Wewengkon Kiaracondong
Ku ngarasa jadi urang dusun tea, hiji waktu mah keur leutik make hayang ngabuburit ka Alun-alun sagala. Eta oge kusabab geus ngarasa bosen tiap-tiap ngabuburit teh naek kareta angin ngurilingan komplek. Geus hatam kukurilingan di Perum atuh indit kanu beh jauh nayeta ka Sumber Sari Indah. Ari Cijerah mah Perum kasebut na teh, lamun Sumber Sari mah real-estate cenah sebutanna. Teuing teu ngarti keur bolon keneh baheula mah mangkeluk naon eta nu ngaranna real-estate teh. Nu jelas katingali mah imahna gedong sigrong, jalanna alus meni ngageleser matak resep. Jalan gede sasapuan tea geningan. Henteu ari caang bulan opat welasna mah. Pan ari ngabuburit mah biasana oge pasosore saacan bulan nembongan.
Sasapedahan ka Sumber Sari hatam. Atuh neangan pataklukan anyar nyaeta indit ngabuburit sorangan ka Alun-alun. Maksud sorangan teh teu diaping ku kolot. Mineng eta oge ari indit jeung Bapa katut Indung pelesir ka Alun-alun mah. Tapi acan ari ngalaman diabur indit sorangan mah. Tah matak harita mah ngawanikeun maneh bareng jeung sobat dalit keur mangsa leutik pikeun indit ngabuburit ka Alun-alun. Puguh hese ieu oge meunang idin ti kolot pikeun indit ngabuburit kanu jauh ukur jeung babaturan. Da teu meunang baheula mah ulin jarambah teh. Tiap-tiap rek indit ulin pan diomongan heula, “Awas ulah ulin jarambah!” Melang meureun tidituna mah kolot teh. Atuda harita mah kuring teh budak hiji-hijina. Can adian harita mah Si Mamah teh.
Teuing kumaha harita teh da kolot terusna mah merean kuring ulin bareng babaturan ngabuburit ka Alun-alun. Bring inditna teh limaan katut kuring. Asa aya na carita di buku “Numbuk di Sue” mun ayeuna dipikiran mah. Nya beda saenyana mah, ari na bukuna Moh. Ambri mah opatan apan nu indit teh eujeung luntana teh ti Kota Bandung muru ka pasisian Garut beh kidul. Enya da meureun nu dilakonkeun na carita eta mah budak kota ulin ka kampung. Apana ari kuring mah urang lembur pasisian indit ka kota.
Harita teh miang ti imah bada ashar. Clak naek kana Honda, sebutan keur angkot eta teh baheula. Bari nginget-nginget turun beh mana jeung tuluy kudu naek naon deui jeung nyokot jurusan ka lebah mana na. Inget saenyana mah turun di Gang Guan An, terus naek bemo jurusan ka Kebon Kalapa. Bemona eta sih nu nyieun inget hamo moal bakal lali. Bemo eta mah beda rupa na jeung kandaran lian. Gilindingna ngan tilu. Minangka nu jadi beungeutna monyong kitu geningan. Nu bisa tumpakna oge teu pati rea kawas Honda.

Suasana Jl. Oto Iskandar di Nata tahun 1980-an | sumber universiteleiden.nl
Beres nepi ka Guan An, terus unggah ke bemo. Hanjakal korsi tempat diuk hareup geus aya nu ngeusian, atuh wayahna kudu diuk di tukang. Resep diuk di hareup gigireun sopir teh. Pangpangna mah bisa nempoan jalan, nya kudu ngamaklum we da budak ti lembur sisi kota tea, teu kaop sagala ditenjoan. Lain eta hungkul saenyana mah matak kuring hayang diuk di hareup teh, tapi kusabab kuring mah sok ongkek ari tumpak kandaraan teh. Ih da enya abong dusun tea gening. Mun kuring resep diuk di sagendengeun sopir tapi sigana mah Pa Sopir teu sukaeun aya budak diuk disisieun na. Da nu dipikaharep mah saenyana wanoja nu geulis sigana teh nu calik disiseun na meh asa oleng pangantenan deui sigana teh. Nyaho kitu soteh saenggeus maca tulisan na stiker nu nerap dina kaca tukangeun supir, nu unina teh kieu: “Yang Cantik Duduk Samping Supir”.
Tah lamun rek ngeureunkeun bemo kaca leutik tukangeun supir nu diketrokan. Reg we bemo teh eureun. Rea oge nu nyadiakeun bel nu dijieun tina beusi, lamun dua beusi eta direngkepkeun lampu leutik di hareupeun setir sopir hurung, tah eta nu dipake tanda pikeun sopir ngeureunkeun bemo. Keur harita mah kuring ngetrokan kaca tukangeun sopir da kabeneran kabagean diuk di dinya. Jrut turun di Jl. Dalem Kaum. Nu mimiti dijugjug teh tempat maen dindong di Dallas. Ngaran gedong bioskop eta teh nu ayana deukeut Bale Nyuncung, Masjid Agung tea. Dingdong nu dimaksud harita teh video game sabenerna mah, lain ngaran paragi ngadu cara ayeuna. Papada sarua ngasupkeun duit receh eta oge, beda na ieu mah kaulinan budak. Teu pati resep kuring mah saenyana maen dingdong teh atuda teu bisa cara batur. Meusmeus paeh atuh kudu ngasupkeun koin deui. Matak hambur duit tungtungna teh.
Baca juga: Silih Beulit Jeung Oray Naga
Didinya kuring jeung sobat salembur teh teu pati lila, ngan aya mereun satengah jam mah. Tuluy we kaluar nuluykeun lalampahan ulin di tengah kota. Alun-alun diliwat we da eweuh titingalieun ari siang keneh kieu mah. Mun geus peuting soteh resep nenjo air mancur nu ditojo lampu warna-warni. Budak meureun cukup ku nempo air mancur, ari kolot mah ka Alun-alun waktu peuting teh sigana mah nenjoan nu lain. Teuing kuring teu apal….
Leumpang ka kalerkeun nyokot Jl. Alun-alun Barat nu pernahna aya di hareupeun Masjid Agung. Kiwari mah jalan ieu teh geus taya dikieuna, ayeuna mah jadi ngahiji jeung Alun-alun. Baheula mah ti Masjid Agung ka Alun-alun teh aya sasak beton luhureun jalan.

Bemo di perempatann Jl. Alun-alun Barat tahun 1980-an | sumber zoeken.hetnieuweinstituut.nl
Di lebah Toko Buku Pioneer nu aya di rohangan handap Gedong Swarha mengkol ka kenca terus leumpang ka kulonkeun. Lain rek balik ieu mah nu dituju teh Asia-Afrika Plaza. Harita mangsa taun 1980-an ieu teh kaitung gedong anyar. Ari pernahna aya di sisi Jalan Asia-Afrika, ari jalan leutik di sisina teh Jl. Alkateri, tina Alkatiri, eta teh ngaran kulawarga Arab.
Harita di Asia-Afrika Plaza loba kaulinan anyar meh sagala aya. Ari di Dallas mah ngabarak mesin dingdong hungkul. Saenyana mah aya oge tempat kaulinan budak nu anyar teh di Parahyangan Plaza. Aya imah jurig, imah kaca jeung imah dengdek. Tapi da kuring mah borangan sieun ku siluman-silemin bangsa kitu teh, jadi cadu ari kudu ulin ka dinya mah.
Tungtungna mah nungguan waktu adan magrib teh jadina mah di Asia-Afrika Plaza tea. Abong dusun tea, meh kabeh kaulinan diajaran jeung ditaekan. Mun teu naek sahenteuna cukup ku nempo oge asa geus cukup. Meakeun kapanasaran nyeueung kaulinan di puseur dayeuh. Da kahayang mah kabeh kaulinan diasaan. Orokaya duit nu dibawa teu nyumponan. Da kudu mikiran dahar keur buka jeung pibalikeun ka lembur engke.
Ku resep mah geningan nyerelek waktu teh teu karasa. Ngong we adan magrib ti Masjid Agung. Birat we kuring jeung ki sobat nu lian neangan tempat keur dahar buka. Harita mag ku nginum hungkul oge asa geus cukup. Saenggeus badami, dipustuskeun we mending langsung balik. Meh poho eta oge can solat magrib. Atuh berebet we nyimpang ka Masjid Agung heula. Beres ti masigit, ngudag beus nu ka arah Cibeureum. Leuwih gampang jeung asana teh leuwih gancang balikna mah da meureun kusabab teu pungkal-pengkol tea. Dius nyemprung lempeng we beus teh. Kari turun we di lebah bunderan batas kota. Geus di dinya mah kari naek Honda. Nepi Cijerah teh meh isya.
Sakitu asana teh pangalaman kuring ngabuburit keur leutik. Budak kampung sisi kota nu bau lisung hayang ngasaan nyaba lunta ngabuburit ka kota. Cag.
Baca artikel lainnya dari Ariyono Wahyu Widjajadi (@A13xtriple) atau mengenai catatan perjalanan lainnya
Leave a Reply