Mang Utuy

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Dina raraga nyanghareupan watés ahir bulan Séptember jeung mimiti bulan Oktober, di mana di dinya aya hiji kajadian anu ahéng, nu pinuh ku rupa-rupa kasieun jeung katineung, kuring alakadarna baris ngabébérkeun hiji tokoh nu ngilu kageutahan, alatan kungsi milu dina orhanisasi hiji partéy nu ceunah mah geus wani-wani arék ngarebut kakawasaan tina pamaréntahan anu sah.

utuy-1Tokoh ieu teu sanés deui nyaeta Utuy Tatang Sontani. Numutkeun sababaraha katerangan, anjeunna dibabarkeun di Cianjur ping 1 Mei 1920, sareng ngantunkeun di Moskwa ping 17 September 1979. Basa kajadian taun 1965 di lemahcai keur geunjleung, Utuy jeung sababaraha pangarang katut wartawan nu sanésna nuju aya di Beijing, dina raraga ngahadiran hiji acara nu diayakeun ku pamaréntah Tiongkok. Kusabab Utuy kacatet jadi anggota orhanisasi Lékra nu aya patalina jeung PKI, janten anjeunna teu tiasa mulih deui ka lemahcai dugi ka ngantunkeunna.

Sababaraha taun ka tukang, sateuacan Lékra ngilu dirarad ku pamaréntah, dumasar tina seratan Pramoedya Ananta Toer dina buku Menggelinding 1, Utuy mineng pisan katingali nuju ameng sareng putrana paduduan waé. Iwal ti eta, saur Pram, Utuy ogé mineng teu panuju sareng kahirupan jalma-jalma beunghar nu caricing di gedong nu sigrong. Saur anjeunna ka Pram, “Tempo ku anjeun, heueuh gé imah maranehna gedong sigrong, tapi can tangtu di jerona aya buku jang dibaca. Kahirupan urang sabenerna can merdéka mun kaayaanna tuluy-tuluyan kieu mah!.”

Utuy sateuacan asup orhanisasi Lekra geus turun ilubiung dina widang sastera, anjeunna nulis hiji novel nu judulna Tambera. Novel ieu nyaritakeun sajarah nu lumangsung di Maluku dina abad ka-17. Carita ieu kungsi dimuat di koranSipatahoenan jeung Sinar Pasundan.

Sawatara waktu ti harita, Utuy teras nyerat jeung nerbitkeun kumpulan carita pondok nu dipasihan judul Orang-orang Sial. Nanging nu ngajantenkeun anjeunna kasohor mah nyaeta carita-carita lakon nu di antarana nyaeta : Suling, Bunga Rumahmakan, Awal dan Mira, Sayang Ada Orang Lain, Di Langit Ada Bintang, Sang Kuriang, Selamat Jalan Anak Kufur, Si Kabayan, jeung Tak Pernah Menjadi Tua.

***

Hiji waktu, mangsa pasosore, numutkeun catetan Ajip Rosidi nu jadi baturna, Utuy dongkap ka bumi Ajip sabari nyandak pameunteu nu kiruh, anjeunna teras masihkeun kertas téléhram. Eusi éta kertas nyaéta nyuhungkeun Utuy kanggo calik jadi anggota pangurus Lékra anu baris disusun. Téléhram éta dikintunkeun ku Kongres Lékra nu munggaran nu diayakeun di Solo.

“Naon masalahna?”, saur Ajip.

“Kuring bingung. Ceuk anjeun kumaha? Ditarima atawa ulah?”, Utuy kalahka malik naros.

“Kunaon maké bingung?”, Ajip naros deui.

Nyak derekdek baé Utuy ngadadarkeun nu jadi cukang lantaran kabingungna. Ajip ngaregepkeun pinuh daria. Saba’da réngsé ngabudalkeun nu jadi kabingungna, teras baé Ajip masihan bongbolongan ka nu jadi baturna.

“Lékra téh orhanisasi budaya PKI. Hartina paham jeung pamadéganna ngarah ka kénca. Jadi, dina hal ieu pasualan nu utamana nyaéta kumaha sikap Utuy kana komunisme? Satuju atawa henteu? Mun satuju teu paduli bisa gawé bareng atawa henteu jeung batur nu lian, anjeun kudu narima tawaran ieu. Engké sanggeus di jero orhanisasi, anjeun kudu motékar mikirkeun kumaha carana sangkan bisa nalapung jalma-jalma nu ceuk panénjo anjeun goreng gawéna.”

Teu lami Utuy naros deui, “Anjeun sorangan kumaha? Satuju teu kana komunisme?”

“Lain pasualan kuring ieu mah. Nu ditawaran jadi pangurus Lékra pan anjeun, jadi nu penting kumaha pamadegan anjeun sorangan,” saur Ajip.

Obrolan terus rada manjang antawis dua babaturan éta. Sababaraha poé ti harita dina koran diwawarkeun hasil kongres Lékra di Solo. Nami Utuy teu aya dina réngréngan pangurus anu anyar disusun. Anjeunna nolak tawaran pikeun jadi pangurus Lékra.

***

Dina bulan Désémbér taun 1958, di Bandung diayakeun Kongrés Basa Sunda nu tempatna di gedung YPK di Jalan Naripan. Nu ngahadiran diantawisna aya Ajip Rosidi ti Sumedang, aya ogé Boejoeng Saléh, Ramadhan Karta Hadimadja, Rukasah, Ismail Wiriadinata, jeung Utuy Tatang Sontani ti Jakarta.

Mangsa Utuy ningali Ajip, langsung baé anjeunna médol Ajip ka luar terus ngajak leumpang nepika Jalan Braga. Utuy tuluy ningalikeun Negeri Soviét, hiji majalah citakan ti Kedutaan Besar Soviét (harita ngaranna acan Rusia) di Jakarta, nu eusi éta majalah téh nyaéta pikeun ngenalkeun nagara Soviét ka bangsa Indonesia.

Dina eta majalah aya catetan interviu wartawan jeung Utuy. Foto nu dipajang gedé pisan. Tapi naha Utuy bet kalahkah bingung jeung muyung?

Sihoréng nu ngajadikeun anjeunna kitu téh nyaéta eusi interviu nu aya dina majalah teu sarua eujeung anu sabenerna basa anjeunna diinterviu ku wartawan ti majalah éta.

“Kuring teu nyaritakeun sababaraha hal nu ditulis dina éta majalah. Basa ditanya ku wartawan kumaha pendapat kuring ngeunaan sistim tani koléktif di Uni Soviét, ceuk kuring mun cocok jang urang Soviét nyak alus baé; jelema moal bisa digawé sorangan di gurun pasir, ” kitu pokna.

Tapi orokaya éta majalah tungtungna nulis anu sabenerna teu diomongkeun ku Utuy ka wartawan. Balukarna jadi pangbeurat ka Utuy dina nyorang lalakon ka hareupna.

“Da memang kitu carana komunisme mah!,” saur Ajip mairan.

“Enya, tapi hal éta jadi pasualan. Anjeun apal sorangan, kuring kungsi diondang ka Cina jeung Soviét, anyeuna kuring baris diondang ka Amérika, jeung geus aya urang Kedutaan Amérika nu datang ka imah, malah mah kuring anyeuna keur diajar basa Inggris ka Drs. Lie Tie Gwan. Tapi ku dimuatna foto jeung interviu kuring di majalah Negeri Soviét, komo jeung kuring saolah-olah ngalus-ngalus komunisme nu sabenerna teu diomongkeung ku kuring, balukarna kuring bisa waé teu jadi indit ka Amérika!

”Ti dinya duanana teu loba carita deui, bral bae baralik deui ka gedung YPK di Jalan Naripan pikeun ngahadiran Kongrés Basa Sunda.

***

Sanajan dina sababaraha kasempetan Utuy kungsi teu nyanggupan pikeun jadi anggota Lékra, tapi tungtungna sanggeus dideukeutan ku Héndra Gunawan (babaturanna mangsa sakola di Bandung jaman saacan perang), anjeunna asup jadi anggota pangurus Lékra.

utuy2Basa di lemahcai aya kajadian Gestapu jeung loba anggota PKI katut Lékra nu dipaéhan, sakumaha nu geus diterangkeun di luhur, dina mimiti ieu tulisan; kaleresan Utuy nuju di Beijing jadi teu kaasup nu diala pati diarah nyawa, tapi balukarna Utuy teu bisa balik deui ka lemahcai pikeun salilana tug dugi ka ngantunkeunna.

Harita basa di Tiongkok aya Révolusi Kabudayaan, Utuy jeung sababaraha baturna indit ka Eropa, niatna rek tuluy ka Perancis. Tapi barang nepi ka Rusia, Utuy lirén di éta nagara. Dongkapna Utuy di Rusia matak pikabungaheun pikeun urang Rusia anu geus kungsi maca tulisan-tulisanna. Anjeunna teras janten dosen di salah sahiji Universitas di Rusia.

Nuju Ajip kaleresan aya di luar nagri, Ajip nyempetkeun ngalongok Utuy anu nuju teu damang parna. Barang Ajip dongkap ka rumah sakit, Utuy kacida atohna.

“Gering naon?”

“Teu, kuring geus cageur sabab panggih deui jeung anjeun, kuring jadi bisa deui ngawangkong make basa Sunda. Di dieu euweuh nu bisa diajak ngomong basa Sunda,” saur Utuy sabari némbongkeung kabungah.

Sababaraha taun di harita, nyaéta taun 1979; Utuy ngantunkeun sabari teu kungsi panggih heula jeung nu jadi anak pamajikanna. Kanggo ngaajénan jasa-jasana, pamaréntah Rusia ngurebkeun sareng ngadamel makam khusus kanggo umat Islam, nyaéta kanggo Utuy.

Hawar-hawar kuring inget deui kana cacariosan mang Utuy basa aya kénéh di lemahcai. Pokna, “Kuring néangan manusa, tapi nu kapanggih ngan ukur badut.” Wallo’alam, duka naon maksadna. [ ]

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.co.id/2014/11/mang-utuy.html

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s