Toko Buku jeung Koran Jaman Baheula

Oleh: Irfan Teguh Pribadi

De Vries

“Nu ditulis bakal langgeng, nu diucapkeun baris leungit katebak angin…”

Mun ras inget kana hiji kawih nu sok ditembangkeun ku indung baheula, cenah majarkeun těh geura sakola ka Bandung, geura nyiar elmu luhung.  Tětěla geuning ti baheula kěněh gě di Bandung mah geus remen ku toko buku. Nyak apanan buku těh minangka salah sahiji jalan pikeun ngahontal ělmu pangaweruh jampě pamakě. Di dieu pisan kuring baris nuliskeun sawatara toko buku heubeul nu kungsi aya di Bandung. Kiwari mah rěrěana geus teu aya di kieuna, tapi sababaraha hiji aya kěněh raratanna. Malahmandar aya manpaatna, mangga nyanggakeun saaya-aya.

Bank BNI nu baheulana A.C. Nix

Urang mimitian ti Jalan Perintis Kemerděkaan atawa viaduct, di dieu baheula aya hiji toko buku nu ngaranna A.C. Nix & Co. Di mana cenah persisna ěta toko buku jaman Walanda těh? Sigana moal bireuk deui, di jalan ěta aya hiji bangunan nu agrěng nu jadi kantor BNI, tah di dinya pisan A.C. Nix & Co. baheula ngajalankeun usahana. Ari mimitina mah, saacan pindah ka Jl. Perintis Kemerděkaan(Landraadweg) ěta toko buku těh kungsi nempatan hiji wangunan di Jl. Naripan.

Antara BNI jeung gedong “Indonesia Menggugat” nu baheula mah dipakě pengadilan atawa landraad, aya hiji jalan leutik atawa gang nu ngaranna gang Babakan Ciamis. Di dinya mun diilik-ilik loba tulisan “Assěnik”. Ti mimiti pangkalan ojěg, běngkěl, nepika nu dagang gulě jeung soto gě makě ngaran Assěnik/A C Nix. Tangtu ieu aya hubunganna jeung toko buku anu keur dicaritakeun, tapi mimitana kumaha kuring teu pati apal. Kungsi dina hiji poě kuring tatanya ka sababaraha kolot nu aya di ěta gang, tapi waleranna asa patěbih jeung katerangan nu aya dina buku.

A.C. Nix & Co. usahana kaasup gedě jeung maju, da ěta wě dina keur jenengna mah kungsi ngasaan boga cabang di Amsterdam sagala. Sanajan nganjrekna di Bandung, tapi ari lolobana mah medalkeun buku ngeunaan Hindia Walanda atawa Indonesia anyeuna mah, ěta gě aya sababaraha buku ngeunaan Bandung, ngan teu pati loba. Salahsahiji buku nu kungsi dipedalkeun těh nyaěta buku nu dikarang ku Victor Ido (penyiar di radio NIROM). Medalna taun 1936, nu jejerna Indie in den Goeden Ouden Tijd.

Di gang Babakan Ciamis/gang Landraad

Taun 1950-an saanggeus Indoněsia merděka, A.C. Nix & Co. ngaranna robah jadi NV. Masa Baru. Tapi teu lila ti harita robah deui jadi NV. Ganaco. Nyak ti dieu pisan mimitina medalkeun buku-buku carita pikeun barudak jeung buku pangajaran di sakola. Di antarana waě :  Batok Bulu Eusi Madu (Nj. S.S. Suwadi, 1956), buku pangajaran basa Sunda Kandaga(R. Momon Wirakusumah, I. Buldan Djajawiguna; 1957),Sedjarah Sunda (ma’mun Atmamihardja, 1958), jeung Di Lembur Kuring (Sjarif Amin, 1964).

 

***

 

Ti viaduct urang teruskeun ka belah kidul, nyaěta ka toko buku Van Dorp & Co. Toko buku ieu persisna nu anyeuna Gedong Landmark nu di Jalan Braga těa. Anyeuna mah bagěan handapna sok dipakě paměran buku jeung paměran gawě, maksudna keur jalama-jalma nu nyiar pagawěan. Belah luhur dipakě tempat hiburan peuting paragi jalma-jalma nu ngadon ka disko. Tapi mun nempo riwayat ka tukang, tisaprak dipimilik ku Pamarěntah Indonesia, gedong ieu ngalaman sababaraha kali parobahan; nepi ka ahir taun 1972 kungsi jadi toko buku nu ngajual ogě alat tulis jeung alat kantor.  Tuluy bangunan ieu kungsi kosong nepi ka taun 1980-an. Ti harita dipakě deui paragi tempat biliar jeung bioskop. Ti ahir taun 1980-an nepika anyeuna dipakě siga nu geus dijelaskeun di luhur.

Gedong Landmark dijieun ku urang Walanda, jenenganna Ir. C.P. Wolff Schoemakěr di taun 1922. Hareupna, kěnca katuhu, aya sirah Batara Kala, anu maksudna jang ngasupkeun warna kadaěrahan.

Van Dorp

Di taun 1940-an munggaran, toko van Dorp kungsi medalkeun hiji buku ngeunaan pepelakan. Buku nu disusun ku M.L.A. Bruggemen jeung saděrěk Ojong Soerjadi nu jadi tukang ngagambarna, diběrě jejer “Indische Tuinbloemen”. Buku ieu kaasup buku nu mahiwal, naon sabab? Nyaeta aya 107 bagěan nu kosong, tapi aněhna aya katerangan ngaran kekembangan di handapna.

Kaayaan kieu tangtu nyieun kapanasaran ka nu rěk mareuli. Kumaha hanteu atuh, ari ngaran kembangna aya, ari gambarna euweuh. Tah, sihorěng jang ngalengkepan bagěan nu kosong těh nyaěta kudu meuli gambarna hiji-hiji. Minangka kadeudeuh, tiap-tiap jalma nu meuli hiji gambar kembang, baris diběrě bibit kembang nu sarua eujeung gambar nu dibeuli. Teu kapalang měrě, potna ogě sakalian dipasrahkan ka nu meuli.

Cara dagang model kieu měmang didukung ku ayana pasar kembang nu baheula aya di hareupeun toko van Dorp. Jadi bibit kembang těh teu hěsě něanganna. Kusabab paměnta langganan sakitu lobana, tina buku “Indische Tuinbloemen” ieu nepi ka kungsi ngajual sajuta bibit kembang jeung potna dina jero waktu sabulan.

Buku nu lakuna kacida gedě lain ukur ěta sabenerna mah, sabab van Dorp ogě kungsi ngajual buku ensiklopědia nu jejerna “Winkler Prins”, buku ieu kajual kurang leuwih 2000 jilid. Buku karangan D.F.W. Stapel ogě nu jejerna “De Geschiedenis van Nederlandsch” kungsi kajual leuwih ti satengah jumlah pedalanna.

***

M.I. Prawira-Winata mah deukeut patung Adjat

Ti Jalan Braga anyeuna urang tuluy rada ka belah wětan, nyaěta ka Jalan Lěmbong. Di dinya aya hiji pamedalan jeung toko buku jaman baheula, ngaranna M.I. Prawira-Winata. Diadegkeun dina taun 1920-an, toko buku ieu mangrupakeun toko buku nu munggaran nu dipimilik ku kaom pribumi di Bandung. Nyak ti dieu ogě mimitina buku-buku Basa Sunda diwanohkeun. Tempatna aya di Jl. Lěmbong nu anyeuna di dinya pisan ngadeg Hotěl royal Palace.

Saacan jadi Hotěl Royal Palace, urut toko buku ieu kungsi dibeuli ku Pension van Rhijn dina taun 1936. Hal ieu dina raraga ngaleugaan wewengkon hotěl. Saanggeus Indonesia merděka, Pension van Rhijn tuluy jadi Hotěl Astoria, teu lila robah deui jadi Hotěl Istana I jeung II.

Jiga ilaharna toko buku jaman baheula nu lolobana miboga ogě usaha pacitakan buku, Prawira-Winata oge boga nu alamatnya di Jl. Kaca-kaca Wětan, teu jauh ti Simpang Lima.

Iwal ti medalkeun buku-buku Islam nu di antarana baě; Wawatjan Sadjarah Ambia(M.H. Moehammad Moesa, 1926), Hadis Mi’radj atawa Pangapoengan Kandjeng Nabi Rosoel’oellah (H. Hasan Moestapa, 1926), Prawira-Winata medalkeun ogě buku-buku banyolan jeung carita-carita ti para pangarang Sunda nu geus kawěntar, di antarana nyaěta; Wawatjan Enděn Sari-Banon, Tjarios Istri Rajoengan (R. Memed Sastra-Hadi Prawira, M.I. Prawira-Winata, 1923), Wawatjan Rangga-Woeloeng(Soemaradiredja, 1925), Wawatjan Djaka-Oembaran (Soemaradiredja, 1920-an),Wawatjan Roesiah noe kasěp (1920-an), Wawatjan Roesiah noe Geulis (1920-an).

Dina ngajalankeun usana, M.I. Prawira-Winata ngabogaan kasadaran nu hadě kana hukum. Tiap-tiap naskah anu ditarima, anjeunna sok meuli hak cipta nu nulis, tuluy hak cipta ěta ditangtayungan. Matak teu aněh dina tiap buku sok aya tulisan “anoe gadoeh hak kana ieu boekoe” jeung “nu saněs teu kenging njitak, disengker koe Staatsblad 1912 No. 600 art. 11”.

Lian ti ěta, nu gaduh toko buku gě sok masang fotona nyalira dina tiap-tiap buku, jeung sacewir kertas nu aya tulisan ngaran ěta toko buku. Jang ngaronjatkeun usahana, nu gaduh toko buku sok masang iklan dina koran Basa Sunda, nyaěta Sipatahoenan.

***

Rathkamp

Anyeuna urang balik deui ka belah kulon, tapi mangkě urang měngkol ka katuhu di Jl. Telepon, pas deukuet Musium Mandala Wangsit Siliwangi. Urang leumpang sababaraha měter mangkě brasna ka Jl. Naripan, tangtu bakal langsung něnjo gedong Bank BJB nu urut Bank DENIS baheula mah. Ti dinya mengkol deui ka kěnca, nuturkeun Jl. Braga ka belah kidul. Di tungtung jalan urang baris manggihan Kimia Farma, tah di dinya pisan baheula kungsi aya toko buku G. Kolff & Co.

Kolot baheula mah masih kěněh nyebut Rathkamp kana eta bangunan těh. Sabenerna baheula lain ukur toko buku nu nyicingan ěta gedong těh, tapi aya ogě nu dagang roko jeung bako, sarta dipakě oge jang kantor ku N.I. Escompto Bank. Toko Dunlop jeung apotek Volharding kungsi ogě nganjrek di ieu wangunan.

Ngeunaan toko buku G. Kolff & Co., kuring teu pati loba manggihan běja, ngan ukur samet aya nu nyebutkeun yěn toko buku ieu boga ogě cabang di Batavia.

***

Nampeu pisan ti Rathkamp mah ka urut toko buku Klass de Vries & Jan Fabricius těh. Jeung pangpangna mah tulisanna gě aya kěněh nepi kiwari. Bisa disebut wangunan de Vries těh wangunan nu ka asup pang mimitina di sakuliah dayeuh Bandung mah. Anyeuna wangunanna masih kěněh alus, jeung dijadikeun museum ku Bank NISP. Ari mimitina mah de Vries těh ngan ukur warung leutik nu lebahna di belah kalěr alun-alun, nu anyeuna jadi BRI Tower.

De Vries ditempo ti belah kulon

Gedong de Vries těh ayana di Jl. Asia Afrika atawa Jalan Raya Timur baheula mah, atawa mun běh ditu deui de Groote Postweg ngaranna těh. Ieu gedong dijieun ku R.A Kern di taun 1899, tuluy dialusan deui di tahun 1909 ku Biro Arsitek Edward Cuypers Hulswitt. Hal ieu dina raraga ngigelan jaman, da puguh gě ka tompěrnakeun mah dayeuh Bandung jeung seni Arsitektur gě beuki deui beuki maju.

De Vries těh minangka toko pang lengkepna baheula mah, da toko-toko nu di Jl. Braga jeung Pasar Baru tacan pati loba. Ari nu sok ngalanggan rěrěana mah urangonderneming alias urang perkebunan. Matak kitu gě tangtu wě da di lembur mah pamohalan manggih barang-barang nu sakitu haradě jeung lengkepna. Juragan-juraganPreangerplanter sok ngadon mareuli surutu, kadaharan, papakěan, jeung sajabana.

Ari wangunan nu masih ngadeg nepika anyeuna mah nyaěta gedong de Vries nu geus dialusan deui di taun 1920. Pědah gedongna lega, matak lain toko buku de Vries hungkul nu usaha di dinya těh, aya ogě De Boekenbeurs, nyaěta toko buku nu husus ngajual buku-buku urut, nu dipimilik ku L.A. Lezer. Klass de Vries & Jan Fabricius kungsi medalkeun buku Geschiedenis der Preanger Regentsschappen, Kort Overzigtnu dikarang ku R.A. Kern di taun 1898. Ka běh dieukeun deui, ěta wangunan těh kungsi ogě dipakě usaha studio poto jeung warung sangu Padang.

***

Anyeuna urang tuluykeun deui ka belah kulon. Pahareup-hareup pisan jeung Gedong Merdeka atawa Musium Asia Afrika, di dinya aya wangunan urut toko buku Visser & Co. Tohaga kěněh ari wangunanna mah, ngan siga kosong waě teu dipakě nanaon. Ceunah baheula kungsi dipakě diskotik paragi jalma-jalam kawas “si ěma (ědanna manusa)” nyiar kasenangan.

Visser & Co.

Kuring teu pati apal ari perkara buku naon waě nu kungsi dipedalkeun ku Visser & Co., ngan aya baě anu cumantěl dina ingetan, nyaěta cenah wangunan těh kungsi dipakě rahayat jang lalajo basa aya Konpěrěnsi Asia Afrika. Di těras luhur ěta wangunan jelema pagelek, silih sěrěd bakat ku hayang nempo Bung Karno, Gandhi jeung para pamingpin dunya nu sějěnna.

Ari basa milangkala KAA nu ka-50 taun mah rahayat těh teu bisa lalajo běbas, tong boro rahayat biasa dalah wartawan ogě teu bisa laluasa. Hal ieu alatan jalan ti mimiti Hotel Savoy Homan nepika alun-alun ditutup jeung dijagaan ku tentara. Kajadian ieu tantu matak pikeuheuleun jang sababaraha wartawan, malah Rosihan Anwar gě koatka gegeleneng.

***

Ngěsěr deui ka kulon saeutik, sebrangeun kantor PLN aya taneuh kosong nu pinuh ku jukut jeung barala, ěta těh taneuh urut toko buku NV. Mij. Vorkink. Ngadeg taun 1896, Vorkink jadi pamedalan jeung pacitakan nu pangkolotna di sakuliah Bandung. Atuh di dieu oge dilahirkeunna koran mimiti di Priangan, nu ngaranna Prěangerbode.

Taneuh kosong urut Vorkink

Saanggeus Indonesia merděka, ku pamarěntah toko buku ieu ngaranna diganti jadi toko bukuSumur Bandung. Dingaranna kitu těh sigana mah pědah deukeut wangunan toko buku jeung di kantor PLN aya sumur nu sok dikaramatkeun ku sawarěh jělěma.

Sababaraha buku nu kungsi dipedalkeun ku Vorkink nyaěta :  Gedenboek Toneelvereeniging Braga 1892-1957, Braga en de Bragaweg, Gids van Bandoengen Omstreken, jeung Gedenboek MOSVIA 1879-1929.Basa geus diganti jadi Sumur Bandung, buku-buku nu terbit těh di antarana waě :Uparaca Adat di Pasundan (R. Akip Prawira Soeganda, 1964), Saumur Jagong (Sjarif Amin, 1983), jeung Perjoangan Paguyuban Pasundan 1914-1942 (Sjarif Amin, 1984).

Taun 1926 gedong N.V. Mij. Vorkink kungsi digunakeun ku Bandoengsche Radio Vereeniging, nyaěta radio nu munggaran di Bandung. Siaranna sok ngagunakeun lantě dua, tapi hanjakal radio těh umurna teu lila. Alatan kakurangan waragad, nyak tilu taun ti mimiti siaran, radio ieu ahirna dicokot ku NIROM (Nederlandsch Indische Radio Omroep Maatschappij).

***

Sabenerna toko buku jaman baheula di bandung těh loba, ngan nu geus dituliskeun di luhur mah pědah we kaitung sawewengkon kěněh, jadi lamun ngahaja dipapay atawa dipaluruh těh rada ngagunduk meueusan, teu pajauh teuing. Lian ti ěta, toko buku-toko buku nu sějěn mah arang langka riwayatna dituliskeun dina buku, nyak mun seug  hayang apal těa mah kapaksa kudu leuwih lantip maluruhna.

Ieu mah bisi aya nu panasaran, naon waě cenah toko buku nu sějěnna těh? Tah kuring baris měrě nyaho :  Gebroeders Kleijne & Co. (Jl. Katja-katja Wetan), J.H. de Boer Jr.(Burgermeester Kuhrweg), J.H. Seelig en Zoon (Bragaweg), N.V. Christelijke Boekhandel voor Nederlandsch Indie (Soeniaradjaweg 41a-43), N.V. Handelsmij(Groote Postweg West 92), N.V. Macotte (Groote Postweg Oost), Nikko Japansch Fotograaf (Groote Postweg 10), Post & Telegraafkantoor (Groote Postweg 47), Sluyters & Co. (Groote Postweg West 173).

Tangtu nu luhur mah macana matak lieur da kawantu basa Walanda hungkul, tah anyeuna mah kuring baris měrě nyaho ngaran toko buku nu rada gampang dibacana : Aurora (Gardoedjatiweg 40), Boen Hwa (Tjikakak 69), CV. Ganaco (Jl. Perintis Kemerdekaan), CV. Remaja Karya (Jl. Ibu Inggit Garnasih jeung Jl. Raya Cimahi-Padalarang), Gembala Islam (Gang Pak Gade), Kaoeum Moeda (Groote Postweg),Minerva (Jl. Merdeka 13), TB. Al Maarif (Jl Tamblong), TB. Alumni (Jl. Dago), TB. Angkasa (Jl. Merdeka), TB. Antariksa (Jl. Dago), TB. Dahlan (Jl. Otista), TB. Elvira(Jl. Dago), TB. Indira (Jl. Braga), TB. Insulinde (Jl. Otista), TB. Intervarsity (Jl. Braga), TB. Lucu (Jl. Karapitan), TB. Malabar (Jl. Otista), TB. Maranatha (Jl. Ibu Inggit Garnasih), jeung masih rěa deui. [ ]

Medan Prijaji & Sipatahoenan

(+) Ari ngeunaan koran jaman baheula mah kuring moal loba catur, anggursi baca wě buku Sang Pemula nu dikarang ku Pramoedya Ananta Toer, jeung anyeuna rědaktur koran Pikiran Rakyat(Rahim Asyik) keur nulis carita ngeunaan sajarah koran Sipatahoenan, anyeuna geus nepi ka nomer genep.

Foto : Arsip Irfan Teguh Pribadi

 

Tautan Asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/02/toko-buku-jeung-koran-jaman-baheula.html

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s