Wilujeng Angkat… H.R Hidayat Suryalaga

Oleh :  Asep Nendi R

 

Asa kakara kamari jisim kuring, diuk sila ngabandungan anjeunna ngabénjérbéaskeun perkara Kasundaan. Saha jeung kudu kumaha Urang Sunda téh. 19 Agustus 2007, mangsana kuring héjo kénéh, poék kana naon jeung nu kumaha ari Sunda téh.

Nya ti poe harita kénéh saetik-saetik rada kacaangan ngeunaan saha jeung kudu kumaha diri kuring ngalampahan hirup salaku Urang Sunda. Urang Sunda nu cenah jeung cenah katelah égalitér jeung Modérat..!

Atuh kamari pisan, 25 Desember 2010, kuring meunang béja yén H.R Hidayat Suryalaga tilar dunya. Ngantunkeun urang saréréa ka balé pangasihan Gusti Nu Agung.

Teu aya salahna urang babarengan miéling ka anjeunna, anu gedé bakti jeung jasana pikeun kamajuan Sunda. Boh dina pamikiran Sunda atawa dina kabudayaan Sunda. Cag ah..!

 

Abah Surya

H.R. Hidayat Suryalaga, salah sawios pituin Sunda asli Ciamis. Babar di Banjarsari kaping 16 Januari 1946. Anjeunna kantos jadi dosen di FS Unpad jeung Unpas, iwal ti éta anjeunna oge aktip di sababaraha organisasi utamana di widang Kasundaan jeung Pendidikan. Teu jarang anjeunna ngeusian acara-acara seminar atawa palatihan Kasundaan boh di kampus-kampus boh di organisasi-organisasi Kasundaan. Bahan guneman nu sering jadi bahan seminar nyaéta ngeunaan konsep Saha Ari Urang Sunda téh, jeung gaya Kapamingpinan Sunda nu ényana nu ngisaratkeun nilai-nilai luhur Kasundaan.

Anjeunna salah sahiji, disamping akademisi ogé budayawan, anu produktif dina widangna. Aya 36 judul naskah drama Sunda anu ditulis, anu mindeng dipintonkeun. Anjeunna ogé anu ngadegkeun Téater Kiwari di taun 70-an. Salian ti naskah drama anjeunna ogé mindeng nulis ngeunaan étika jeung tatakrama, sapertos dina salah sahiji bukuna étika sarta Tatakrama (1994) jeung Wulang Krama (5 Jilid, 1994).

Enya anjeunna, nu nepi ka ahir hayatna panceg na galur. Nu panceg ngamajukeun Sunda. Enya anjeunna Abah Surya.

 

Saha ari Urang Sunda ?

Dina widang sosial-politik, leuwih luas deui dina urusan hirup kumbuh masyarakat Sunda sapopoé. Anjeunna kawilang hiji jalma nu modérat, anu soméah ka sémah, alatan ngahorahkeun batur ku konsep primordialisme.

Anjeunna ngadobrak hiji konsep kasundaan, anu demokratis pikeun sim kuring mah. Ngeceskeun ngeunaan saha ari Urang Sunda téh.

Saha ari Urang Sunda téh, anjeunna ngadamel jejeran ngeunaan hal éta kana 4 kelompok, kieu geura jejeranna téh :

1. Subjektip

Urang bisa disebut Urang Sunda, lamun urang sorangan ngaku jeung ngarasa yén diri urang teh Urang Sunda. Dina jejeran kahiji ieu, Urang Sunda téh sifatna individual jeung subjektip pisan. Dina hal ieu sing saha baé nu ngaku jeung ngarasa dirina Urang Sunda bisa disebutkeun yén manehna Urang Sunda.

2. Objektip

Dina jejeran kadua, sing saha baé bisa disebut Urang Sunda lamun batur nyebutkeun yén manehna Urang Sunda. Sifatna longgar tapi objektip, panilaian saha Urang Sunda téh ditingali tina “sudut pandang” batur.

3. Genetik

Nu katilu mah teu pati hésé ngahartikeun. Sing saha baé nu indung bapana Urang Sunda (Etnis/Suku Sunda), nya bisa disebut yén manehna Urang Sunda. Nu ieu mah sifatna genetis (turunan).

4. Sosiokultural

Beda jeung nu dijejerkeun di luhur. Urang Sunda nu ieu mah hampir sarua jeung Urang Sunda nu dikelompokkeun dina jejeran kadua. Sing saha baé nu hirup-huripna laku-lampahna jiga Urang Sunda, nya teu kudu dipaluruh deui yén sajatina Urang Sunda. Nu ieu mah sifatna leuwih kompleks, leuwih ka paripolah jeung pamikiran sosiokulturalna.

Tina opat jejeran diluhur, aya hiji kasimpulan nu masih atah. Naon sababna?

Dina opat jejeran diluhur kabeh jalma bisa disebut Urang Sunda, bisa ngaku jeung ngarasa yén manehna Urang Sunda. Matakna disebut kasimpulan atah.

Ngarah jadi enyana Urang Sunda, aya konsekuensi atawa kawajiban anu kudu dilakonan ku opat kelompok nu disebut Urang Sunda teh. Boh Urang Sunda nurutkeun jejeran mana baé, kudu boga karakter nu NYUNDA, artina kudu boga karakter Kasundaannana (ngandung nilai-nilai Kasundaan) boh dina pamikiran (bio teoritica) atawa dina prakték paripolah sapopoena (bio practica).

 

Sunda jeung Islam

Islam jeung Sunda, dua hal nu nepi ka ayeuna masih jadi bahan padungdeungan urang saréréa. Teu kurang-kurang seni tradisi Sunda nu bernuansa Islam, boh dina silat nepi ka tembang cianjuran. Islam geus jadi bagian dina masyarakat Sunda, kitu meureun.

Lamun Haji Hasan Mustapa mertélakeun Islam ngaliwatan guguritan (salah sahiji bentuk puisi Sunda). Haji Hasan Mustapa, nu kungsi jadi Panghulu Bandung, anu ngarana diabadikeun pikeun salah sahiji ngaran jalan. Jalan P.H.H Mustapa (Jalan Suci). Hampir sajaman jeung anjeunna di sebrangeun P. Jawa, tepatna di Melayu, aya hiji ngaran nu teu weleh kakoncarana nyaéta Radja Ali Haji. Si Gurindam Dua Belas téa.

Nya nu dilakonan ku H.R Hidayat Suryalaga téh teu béda jeung nu dilakokan ku Haji Hasan Mustapa, ceuk jisim kuring mah Nyundakeun Islam. “mempopulerkan Islam dalam bentuk seni Sunda”.

Anjeunna, H.R Hidayat Suryalaga, ngadamel hiji karya sastra Sunda nu munggaran. Anu brilian di jaman kiwari mah, da ényana gé ngan anjeunna hungkul nu nungkulan Al-Qur’an salila 15 tahun (1981-1998). Anjeunna ngadamel saritilawah Qur’an dina basa Sunda, nu diwangun dina bentuk pupuh. Nyaeta, Nur Hidayah, nu mindeng digalindeungkeun dipirig ku kacapi jeung suling. Malihan, di salah sahiji tipi lokal Bandung mah aya acara “Nur Hidayahan” sagala.

Atuh, masih kénéh seueur caritaan ngeunaan H.R Hidayata Suryalaga, nu boa kuring mah teu apal. Atuh kalangkung seueur karya jeung jasa anjeunna pikeun dunia Sunda, boh dina atikan tatakrama boh dina kapamingpinan jeung kaidah Kasundaan nu mindeng dijéntrékeun dina palatihan-palatihan atawa seminar Kasundaan.

Mangga urang sami-sami regepkeun hiji Pupuh Pucung, nu digalindeungkeun ku anjeunna dina acara Latian Kapamingpinan jeung Organisasi LISES UNPAD “Rancage I”, 19 Agustus 2007 di Unpad.

Kieu geura,

Utamana jalma kudu réa batur

Keur silih tulungan

Silih titipkeun nya diri

Budi akal lantaran ti pada jalma

Wilujeng angkat H.R Hidayat Suryalaga…

Mugi aya dina pangasihan Gusti Nu Agung… Amiin…

Bahan Bacaan :

1.  mkl 436,Bahan guneman jeung awak-awak Lises Unpad.19-08-2007.

2.  Kasundaan-Rawayanjati. Hidayat Suryalaga. Wahana Raksa Sunda. 2003.

3.  Apa dan Siapa Orang Sunda. Ajip Rosidi. Kiblat Buku Utama. Jakarta.2003.

4.  http://www.facebook.com/note.php?note_id=418147436331

5.  http://www.facebook.com/note.php?note_id=433938446331

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s