#PernikRamadhan: Kulkas jeung Listrik

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Sok sanajan teu pati jauh, nepika anyeuna kuring geus ngumbara leuwih ti genep belas taun. Nya ti harita, ti mimiti kuring ninggalkeun lembur, mun kabeneran bulan puasa, aya hiji kabiasaan nu matak nyieun hěmeng pikeun kuring sakuringeun.

Kuring ngumbara těh pikeun nuluykeun sakola, ari ngudagna nyaěta ka daěrah pakotaan, da puguh gě kuring mah urang lembur. Naha bet kitu? Enya apanan sarěrěa ge geus pada nyaho yěn di lembur mah sakola těh teu rěa kawas di kota, tuluy kualitasna bisa disebut ělěh ku sakola-sakola nu aya dipakotaan mah. Tah sual ěta nu ngajadikan kolot nitah kuring pikeun ngumbara těh.

Balik deui kana hiji kabiasan nu nyieun kuring hěmeng, nyaěta di kota mah mun bulan puasa těh, tukang sop buah, tukang ěs cincau, jeung sakur-sakur nu jualanna makě ěs sok geus dagang ti beurang kěněh mula, jeung nu mareuli gětara burit-burit teuing barang beulina těh. Sok kapikiran ku kuring, naha ěta nu mareuli těh teu sieun mun kadaharan nu makě ěs těh kaburu teu tiis jeung ěs na kaburu lenyur? Baca lebih lanjut