Bandrek, Bajigur, Bioskop Tug Nepi ka Saur di Bandung Baheula

Dayeuh Bandung taun 1920-an, atawa keur mangsa rust in orde, mimitian menyat jadi kota gede tapi aya sababaraha kabiasaan nu bisa dijadikeun tanggara wanci dina mangsa bulan Syiam.

Bandrek, Bajigur Kalapa Cina

Baheula mah cenah nu dagang bajigur jeung bandrek teh masing-masing dagangna teh. Teu cara ayeuna, bandrek jeung bajigur rerendengan ngajadi hiji dina hiji tukang dagang.  Sok aya geningan paribasa pajarkeun teh, “bandrek bajigur, budak pendek gede bujur,” atawa “bajigur bandrek, kalapa Cina, budak pendek teu dicalana.”

Ieu mah cenah di taun lilikuran, nu dagang bandrek jeung bajigur teh dagang sewang-sewangan. Ampir sarua we ari nu dijualna mah cara ayeuna meh kabeh kukuluban kumplit tea kayaning kulub boled, cau, sampeu, suuk, jagong. Tapi aya nu ngabedakeun dagangan tukang bandrek jeung bajigur. Cenah baheula mah kajaba dagangan kukuluban nu tadi geus disebutkeun di tukang bajigur, urang bakalan nimu katimus, ari nu khas di tukang bandrek mah rarawuan. Jadi baheula mah moal manggih nu dagang bandrek ngajual katimus atawa kitu sabalikna.

Cara nawarkeunna deuih nu ngabedakeun teh. Tukang bandrek mah ari ngajorowok teh lalawuhan nu didagangkeunna disebutkeun di awal: “Kulub cau, rarawuan, bandrèèèk kalapa ngora!” Mun tukang dagang bajigur nawarkeun daganganna teh cukup ku naggorowokkeun tungtung na hungkul: “Guuur!” kitu cenah.

Ngan aya hiji nu nyieun kompak teh. Papada tukang bandrek atawa bajigur mun rek ngider miangkeun jualanna biasana badami heula nangtukeun saurang-saurang na indit ka lelewek mana. Jadi arang langka papada tukang bajigur paamprok guk-gok aya di hiji tempat. Mun pareng aya nu panggih nya bisa kasebut salah sahiji tukang eta teu milu badami heula tadina.

Mun cara bulan puasa siga ayeuna, tukang bandrek jeung bajigur teh biasana mah karek jung miang ngider teh bada magrib. Da atuh apal ari deukeut ka magrib mah nu rek meulina ge seubeuh keneh ku dahareun di imahna sewang-sewangan. Matak ari baheula mah sok manggihan keneh tukang bandrek atawa bajigur saenggeus bubar bioskop tweede voorstelling, kira-kira ampir wanci tengah peuting.

Tukang Deungeun Sangu

Salian ti tukang bajigur jeung bandrek. Aya tukang dagang kadaharan nu bisa oge dipake jadi patokan wanci dina mangsa bulan puasa. Khususna mun sasih shaum sok aya nu ngider dagang deungeun sangu, ngider bari nyuhun tetenong seng. Cenah mah nu diiangkeun teh daganganna Pa Marsèt. Ayeuna mah Pa Marsèt, jeung Pa Garsih, teh jadi nagaran jalan di wewengkon Bandung beh kulon.

Ari dijualna teh siga pindang endog, dèndèng ragi jeung sawud. Geus matuh ari ngiderna teh wanci janari, nya kira-kira pukul satu jeung dua peuting. Nu dagangna ngider asup kaluar lembur, ngaliwat ka pipir imah bari kadenge sorana ngalagu rada halimpu hawar-hawar katebak angin peunting: “Pindang endog… dèndèng ragi….sawuuuud!”

Artikel Populer: Asal Usul “Bancakan” dan “Botram”

Wanci Pilem Bioskop di Bandung Baheula

Nya ukuran waktu di bioskop baheula mah kira-kira bisa oge disaruakeun jeung wanci di masjid. Cara eerste voorstelling biasa dimimitian pukul tujuh peuting nya kurang leuwih wanci Isya. Ari bubaran eerste voorstelling (pintonan munggaran) biasana meh bareng jeung beres tarawehan.

Mun rengse tweede voorstelling biasana bareng jeung abringan nu baralik tadarusan ti masjid. Tapi najan bareng nu tas nyiar hiburan dunya jeung nu neangan pahala suwarga da na baheula mah tara nepi kacaturkeun silih pasea. Pan gedong bioskop di Alun-alun Bandung teh meh peuntaseunna Masjid Agung, atuh ngan kahalangan ku tanah lapang nu rada lega nu jadi buruan pangajrekan Dalem tea atawa biasa disebutna alun-alun. Ih estu eta mah urusan sewang-sewangan wae.

Bioskop Elita 1920-an | KITLV

Bioskop Elita 1920-an | KITLV

Beheula aya oge nu disebut matinee, biasana eta mah muter pilemna teh ti beurang atawa pasosore. Anggeusna teh meh bareng abrulan lalay. Jadi nya lamun keur puasa kieu teh cocog waktuna jeung nu rek ngabuburit.

Baheula aya oge nu disebut kindervoorstelling biasana muterkeun pilem budak. Biasana poe Ahad atawa poe pèrè jam salapan isuk atawa pasosore oge. Kadang nu nyieun jadi rame teh papada panganteurna nu silih amprok jeung papada nu nganteur sejenna. Jajaka amprok jeung Nyi mojang nu panggih munggaran basa nganteur adi, misan, alona, nongton pilem. Malah mah kacaturkeun nepi ka aya nu bisa kawin ka guru Fröbelschool sagala rupa. Matak baheula keur taun likuran tea atawa mangsa normal ajang nongton pilem budak teh jadi tempat neangan jodo nu ngalanteurna, jelema nu geus nincak dewasa. Mimiti keur can wawuh mah diuk teh misah papada nu nganteur. Ari geus wanoh jadi loma mah nu nganteur diuk pageye-geye, budak didiukkeun bareng jeung budak deui. Bangunna mah embung kaganganggu ku budak leutik.

Nu teu boga budak leutik keur diajak lalajo pilem atuh ngadak-ngadak ngajakan budak saha we nu penting bisa jadi alesan datang ka pintonan voor alle leeftijd (keur sagala yuswa). Mun perlu kudu nepi mayar nyecep ka indungna sigana teh dilakonan oge. Nu penting usaha neangan jodo lancar.

Baca juga: Menelusuri Bioskop Tua di Bandung

Tanggara Kamonesan Dalem Haji

Salian ti tukang dagang kadaharan jeung jam maen pilem bioskop, aya deui nu bisa jeung biasa dipake tanda waktu keur bulan Puasa di Dayeuh Bandung baheula. Tah mun wanci rek maghrib, baheula mah barudak leutik teh geus ronghok na pager Pendopo Kabupaten. Paboro-boro naek ka luhur pager atawa mubuskeun awak jeung sirah kana liang pager kabupaten nu motifna siga sisik lauk. Papada hayang ningali ti deukeut meriem nu sok disunut keur tanggara waktu buka jeung imsak. Aya dua cenah mah, hiji khusus keur disadakeun waktu buka puasa nu sejen na keur waktu Imsak. Aya nu ngomong cenah meriem eta teh, oleh-oleh munggah haji nu dibawa ku Aom Muharam, atawa nu saenggeus jeneng Bupati Bandung, nyangking gelar R.A.A. Wiranatakusumah V, sok disebut oge Dalem Haji (1920-1932 & 1935-1942).

Jadi basa Bandung baheula mah mun buka puasa teh kadenge sora meriem disada tuluy karek ngong sora adan. Meh sawewengkon Bandung cenah kandenge sorana teh. Komo nu disadakeun lamun janari mah sedeng keur jemplang-jempling. Duarrrrr!!!

Cag!

Dicutat tina buku Keur Kuring di Bandung – Sjiarif Amin

Baca juga artikel lainnya tentang Bandung Tempo Dulu  di Komunitasaleut.com

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google

You are commenting using your Google account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s