Kolot Jagjag, Tumpak Kuda, jeung Sababaraha Hal nu Can Běrěs

Oleh: Irfan Teguh Pribadi (@irfanteguh)

Si Akang Nebengers jeung Si Emak

 

Poe Ahad kamari (1 Maret 2015), basa ulin ka sababaraha taman nu aya di Kota Bandung, kuring jeung Akang Něběngers (maksudna budak anggota Něběngers, hampura poho deui ngaranna), manggihan hiji nini-nini nu yuswana geus 81 taun. Si Emak (nini-nini ěta) keur ngaběrěsan runtah botol jeung gelas palastik urut inuman di Taman Kandaga Puspa belah tukang, nu deukeut ka Taman Lansia.

Sabenerna nu pangheulana manggihan mah si Akang, teuing pědah karunya meureun nempo kolot keur uluketek jeung runtah, nya si Akang tuluy mantuan. Barang kuring ngalanto ka Taman Kandaga, nya langsung katempo ěta dua jalma keur ngaberesan runtah. Jepret ku kuring dipoto ti kajauhan, tuluy dideukeutan bari milu ngawangkong.

“Dupi Emak kawit ti mana?” ceuk kuring sabari nyekel kaměra.

“Ti Katamso,” waleurna.

“Leuh, geuning lumayan tebih. Sareng saha kadieu těh?”

“Nyalira wě, tos biasa da Emak mah mapah sakantenan latihan jantung.”

Si Akang mah tonggoy wě měrěsan botol jeung gelas palastik, katempona tapis pisan. Teu lila milu nyarita ka si Emak, “Abdi gě di Ujungberung da sok ngical nu kieu Mak.”

Koatka ti pepereket

 

Gancangna carita, nya kuring ahirna apal, yěn si Emak těh boga hiji budak nu tos kagungan putra. Anjeunna sasarengan jeung budakna di hiji imah. Naha cenah ěta budak těhngantep ka kolot nu geus sakitu laěrna pikeun leuleumpangan sorangan? Ari dicaram mah teu kurang-kurang, ngan si Emak na wě teu meunang dicaram. “Ah, da Emak mah najan kungsi cicing di Palěmbang 12 taun gěda asli urang Bandung, jadi ludeung wě mapah nyalira gě.” Si Emak těhkapungkur kungsi milu ka Palembang nuturkeun nu jadi salaki.

Runtah nu dikumpulkeun těh engkěna baris dijual ka “pengepul” gedě di Katamso. Jadi pangna si Emak lunta-lantona jauh pikeun něangan runtah těh, sabab di sabudeureun Katamso mah loba pisan saingan. Katurug-turug sabari olagraga, nya leuleumpangan těh aya dua manpaat pikeun si Emak mah.

Rada lila ngawangongkong těh, komo ari jeung kolot mah sok resep, loba pisan carita jeung pangalamanna. “Mak, upami mapah tebih kieu mah saěna nyadak KTP, bilih hiji waktos Emak kacapěan, teras teu kiat uih, pan ari nyandak KTP mah panginten tiasa dijajapkeun ku nu sanes,” ceuk kuring peupeujeuh. Teu lila kusiwel těh si Emak ngaluarkeun KTP tina hiji palastik nu eusina runtah hungkul, “aya atuh ěta mah, tah ieu.” Sihoreng dina palastik nu eusina runtah těh si Emak nunda KTP.

Barang geus wanci rumangsang, nya kuring katut si akang ahirna indit ka Taman Cibeunying pikeun kumpul jeung kelompok nu sějěn. Si Emak mah tuluy ka Taman Lansia jeung baris ka Musium Geologi cenah, nya ěta wě rěk tuluy mulungan runtah botol jeung gelas nu tina palastik. “Di Musium Geologi mah seueur pisan, sigana mah aya samobileun ěta runtah těh,” ceuk si Ema sabari reugeuyeung ngangkat opat palastik gedě nu geus pinuh ku runtah.

Lucky Luke

 

Saměměh panggih jeung si Emak, kira wanci ngaluluh taneuh, kuring motoan heula kaayaan jalan di sabudeureun Taman Lansia jeung Taman Kandaga Puspa. Tětěla ramě pisan. Geus kitu kuduna meureun; di mana loba jelema, di dinya bakal loba nu muka lapak dagangan. Da ěta wě meni ku rupa-rupa, ti mimiti nu dagang kuěh balok nepika nu dagang anak marmot aya kaběh. Teu katingaleun nu nyěwa-nyěwakeun kuda kawas nu di Jalan Ganěsha ITB.

Nu matak hělok, sihorěng aya ogě kolot nu ngahaja nyěwa kuda. Lain keur ngasuh budakna, ieu mah keur taěkeun sorangan wě. Sajongjonan mah kuring teu kuat hayang seuri. Geus karuhan ari budak mah loba pisan nu naěk, malah aya nu duaan sakuda těh. Sabab panasaran hayang apal harga sěwana (lain hayang naěk), nya kuring ngajakan babaturan pikeun tatanya ka tukang kuda. Ceuk kuring, “Di dinya nu narosnya, engkě ku kuring dipoto.” Maněhna panuju tapi teu ngajawab, ngan ukur unggeuk.

Sanggeus tatanya, tuluy maněhna ngageroan ka kuring bari pok nyarita, “Duapuluh rěbu, Kang.” Jadi ěta sěwa kuda hargana duapuluh rěbu rupia saputeran, maksudna saputeran Taman Kandaga Puspa. Asa mahal ceuk kuring mah, enya pan ěta taman těh teu lega-lega teuing. Lamun saputeran Gasibu mah nya sedeng we duapuluh rebu gě.

Ah, tapi nya marampuheun meureun matak kitu gě, buktina ěta bebenyit nu naraěk kuda teu kurang-kurang. Di ampir tiap kuda aya budak lemět nu keur nyěngclě sabari nyekelan tali. Meureun pikeun barudak mah asa keur jadi koboy wě tumpak kuda těh.

Nu dikurudung beureum deuk naek kuda

 

Salian ti dua hal ěta, kuring gě manggihan sababaraha pasualan nu katempona teu pati kapalirě, boh ku pamarěntah salaku nu ngurus taman, atawa ku warga salaku nu ngamanpaatkeun. Di antarana waě nyaěta di taman těh katempo aya “jelema pěrak” ngalanto sabari nyekelan wadah jang měntaan duit. Cenah mah pikeun disumbangkeun ka barudak yatim, tapi geus loba kajadian yěn maraněhna těh kanyataanna mah deleka tur hianat ka amanat balarěa. Duit nu meunang měntaan těh cenah loba nu teu puguh lěosna. Teuing ka mana jeung teuing pikeun saha ěta duit těh. Hal ieu kungsi jadi perhatian Wali Kota Bandung–nyaěta Pak Ridwan Kamil ku anjeun, tapi dina prak-prakanna mah sok aya kěněh nu barang pěnta model kieu těh.

Nu kadua nyaěta sual kaamanan di taman. Lain pědah loba copět, tapi di taman těh loba kěněh nu matak picilakaeun. Contona baě di Taman Lansia; ěta balong-balong jieunan jeung susukan těh kaasup jero jeung lungkawing, boh keur barudak atuh kitu deui keur kolot. Lamun seug aya nu labuh těa mah tangtu matak tatu, atuhda jarak tina jambatan ka handap těh aya kana dua meterna. Mangkaning ěta balong jeung susukan těh keur euweuh caian, leuh matak baluas ngabayangkeunna gě.

***

Jelema Perak

 

Tina sababara hal nu geus dituliskeun di luhur, kuring “kataji” ku nu tarumpak kuda. Keun ari pasualan runtah, jelema pěrak, jeung kaamanan mah geus loba nu ngabahas, ngan ieu mah kuring hayang ngabahas saeutik ngeunaan nu tarumpak kuda.

Mun ku urang disawang, naha enya kitu pantes mayar sěwa kuda pikeun sakuriling nu teu pati jauh? Eta duit mun seug dibeulikeunkan běnsin mahi keur tilu atawa opat poěeun, atawa mun dipakě ka Lěmbang těa mah insyaAlloh bakal nyěsa kěněh. Tapi naha ieu pikeun mayar nu deukeut bet daěk?

Jelema kiwari, utamana urang kota, sigana geus langka pisan nu manggihan kahirupan kawas di lembur baheula. Maksudna pan ari di lembur mah teu hěsě karěk nempo bajing waě mah, pon kitu deui numpak munding; kari běběja wě ka budak angon. Malah di lembur kuring mah masih rada loba kěněh bayawak, londok, manuk beureum seupah, hap hap, jeung bancět kolě.

Ari urang kota, pan teu saeutik nu sabenerna mah imahna di lembur. Enya pan unggal taun gě sok aya acara mudik sagala, nu hartina maraněhna těh kungsi ngalaman hirup di lembur. Sanajan kitu, ari barudakna mah angger wě kasebutna urang kota. Naon sabab? Enya pan ari barudakna mah babar jeung geděna di kota, di alam nu geus kasěrěd ku pangwangunan di mana mendi, di alam nu geus hěsě manggihan bayawak dina rungkun-rungkun.

Leuh paur tigebrus ka solokan eta budak 😦

 

Kaayaan ěta ceuk kuring nu ngajadikeun urang kota, boh barudak boh kolotna, ngarasa resep nalika nempo sasatoan. Di Jakarta mah teu saeutik kulawarga,  mun keur perě těh sok rajeun indit ka lembur pikeun naek munding jeung maěn leutak di sawah. Kahirupan di pakotaan siga geus nyieun hiji wates, yěn lembur atawa děsa těh; nyaěta kahirupan mangsa katukang nu geus kaliwat, nu diriksa deui ngan sakadar lamun keur sono hungkul.

Lian ti ěta, jelema těh anyeuna mah siga leuwih dalit jeung gawai atawa gadged batan jeung mahluk hirup. Tah, ku sabab “teu wanoh” ěta nu matak wani ngaliuarkeun waragad gedě. Manggihan mahluk hirup hususna sasatoan, hususna deui kuda kawas-kawas hiji kaaněhan nu ilahar kudu ngaluarkeun duit rěa sabab geus asup kana hiji barang rekreasi. Wallohua’alam. Cag! [ ]

Nu jomblo montong sirik!

 

Tautan asli: http://wangihujan.blogspot.com/2015/03/kolot-jagjag-tumpak-kuda-jeung.html

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s